Sigana mah Kang lamun ngilikan basana urang Korea atawa urang Jepang naha ngabogaan undak usuk jeung loba basana anu sarimbag eujeung basa China ieu teu beda eujeung pangaruh kabudayaan India ka Nusantara. Pantes Korea jeung Jepang basana oge tulisanna meh sarua jeung China kusabab geus rewuan taun kadua bangsa eta didominasi ku kabudayaan China. Komo Korea mah kungsi dikawasa China dizaman dinasti Tang anu umurna nepi ka kiwari enggeus kurang leuwih 1500 taunan. Jadi pamohalan keur urang Korea atawa urang Jepang ngaleungitkeun pangaruh basa China ti basa maranehna da kusabab basa serepan eta geus dipake rewuan taun lilana. sedengkeun undak usuk anu dipake di basa Sunda kakarak dipake sakitar abad 18 lamun diitung nepi ka danget ayeuna meureun kakarak kurang leuwih 300 taunan barijeung anu make undak usuk mah ngan di kota-kota feodal wungkul. da dipilemburan mah tara aya anu make, ayeuna loba nu make soteh da eta weh dipaksa diajar disakolaan, bariejung diakon - akon yen eta basa teh basa karuhun anu "baik dan benar".
ayeuna urang bandingkeun weh sacara kasarna lobaan mana, anu make basa lemes atawa basa loma diantara 22 kabupaten di 3 Provinsi anu ngagunakeun basa Sunda nyaeta Jawa barat, banten eujeung jawa tengah (Brebes + Cilacap) :
- dianggap ngagunakeun basa lemes : Bandung; Tasikmalaya; Garut; Cianjur; Sumedang; Purwakarta; Majalengka jeung Ciamis (8 Kabupaten)
- dianggap ngagunakeun basa loma : Pandeglang, Lebak, Serang, Bogor, Sukabumi, Tangerang, Bekasi, Karawang, Subang, Indramayu, Cirebon, Kuningan, Brebes jeung Cilacap (14 Kabupaten).
anu ngagunakeun basa loma acan ka asup urang Ciamis kidul, Garut kidul, Tasik Kidul, Cianjur kidul sedengkeun anu ngagunakeun basa lemes di daerah anu ngagunakeun basa loma eta biasana mah "pendatang" ti priangan. Jadi naha bener basa Sunda teh ngagunakeun undak usuk? tangtu dulur - dulur kabeh bisa ngajawabna sorangan, pedah ayeuna anu diajarkeun disakola teh basa undak usuk eta mah pan prakarsana walanda ngabukukeun basa model kitu sedengkeun basa Sunda anu henteu ngagunakeun undak usuk can aya anu ngabukukeun. eta hungkul bedana teh antara dibukukeun tuluy diajarkeun disakola jadi weh dianggap bener sedengkeun anu hiji deui henteu dibukukeun tur henteu diajarkeun disakola jadi weh dianggap salah.
ari ceuk kuring mah masalah undak usuk lain masalah "sepele" anu bisa dikompromikeun sabab eta pakuat - pakait eujeung hirup - huripna basa sunda kahareupna. lamun henteu ti ayeuna urang ngabebener anu nyalahan isuk pageto bakal leuwih parna karusakanana. kuring lain hayang basa sunda teh murni tanpa campuran basa deungeun ngan masalahna teh diurang aya dua pilihan antara make undak usuk atawa henteu, lamun seug undak usuk teh geus ditarima ku sakabeh pamake basa sunda tangtu kuring ge narima saperti umpamana urang jepang, urang korea jeung urang jawa, ngan hanjakalna undak usuk teh teu kapake ku sakabeh urang sunda kalahka lobaan anu teu make jadi lamun kudu di meunangkeun justru anu loba atuh ulah anu saeutikan dina segi kasajarahan (historis) Sunda mah teu ngagunakeun undak usuk ongkohna deui urang melayu mah da egaliter, tuh tingali dulur dulur urang anu di pulo sumatera, kalimantan, sulawesi, maluku, sunda kecil, papua, semenanjung malaysia, filipin (tong jauh-jauh ka asia timur jauh, asa jauh teuing). apa maranehna dulur deukeut urang ieu ngagunakeun undak usuk? pan heunteu buktina wae urang bali loba anu ngusulkeun ninggalkeun undak usuk sok padahal undak usuk manehna leuwih teleb tinimbang urang sunda. ceuk urang bali mah ngagunakeun undak usuk teh sarua jeung majapahitisasi. naha urang bakal tinggaleun ti urang bali atawa urang narima oge disebut ngalaman majapahitisasi atawa mataramisasi?
 
wasalam
nana

He .. he ... leres maca tulisan Jepun teh siga rokrak pasiksak ..
 
Tulisan Jepun aya tilu karakter, nyaeta kanji - ilaharna asalna tina basa Cina, Hiragana - tulisan asli Jepun, Katakana - serapan tina basa asing, kadangkala rada hese kana maksud kalimahna. Dina sakalimah tilu karakter eta teh aya, pagalo jadi hiji. Contona di Jepun mah teu aya McDonald .. nu aya Maku Donarudo .. he .. he ...
 
Basa Jepun oge sami aya undak usuk basana, basa lemes, merenah, kasar - ilaharna dianggo di pabrik sareng dina kaayaan darurat. Salian ti eta, basa Jepun oge nganggo kaidah waktu: kamari, ayeuna, isukan. Biasana upami lebet ka parusahaan, aya waktu sabulan dugi ka tilu bulan, kanggo diajar kumaha sopan santun di eta perusahaan.
 
Saur rerencangan nu urang Jepun, kanggo ngartos kana basana nyalira kacida pisan hesena, margi kitu kanggo diajar basa sanes, Inggris upamana hoream, margi kitu hal nu ilahar lulusan PT oge teu pati ngartos kana basa sejen iwal ti basa Jepun. Hal ieu oge kumargi bacaan dina basa Jepun jauh langkung mirah tinimbang bacaan basa sejen, contona bae dina basa Inggris tiasa 5 kali langkung awis tinimbang anu dina basa Jepun. Nya cape-cape oge macaan rokrak pasiksak, lumayan ku artos nu sami tiasa meser 5 judul buku dina basa Jepun, sedengkeun dina basa Inggris mah ngan hiji bari jeung lami pesenna, panginten ieu salah sahiji alesan tina segi ekonomi. Perangkat lunak komputer oge sami, langkung mirah dina basa Jepun teh. Wallahualam.
 
baktos,
budhi
oritate permai
 
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, March 29, 2005 5:39 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] pieunteungeun --> Re: [kisunda] Hariwang

Muhun .... leres kitu....
padahal basa deungeun oge anu gaduh undak-usuk basa henteu  janten halangan kana kamajuan sareng pangwangunana, malah janten pangdorong/tuturus kamajengan.
Contonna : Korea, bibit buit bahasa Korea teh bahasa Cina, dugi ka ayeuna masih seueur kecap-kecap bahasa Korea anu ngaharib kana bahasa Cina.
Bahasa Korea ngagaduhan tilu undak basa anu masih dianggo tug dugika danget ieu ; lemes (kanggo kasaluhureun), merenah (kanggo ka sapantar), kasar (kango ka sahandapeun). Sigana disajagat ieu sanes bahasa Korea wae anu masih nganggo undak-usuk basa (duka tah di Jepang cobi cep Budhisareng wargi nau sanesna, diantos postingna perkawis bahasa di Jepang sareng dinagara sanesna).
Sakitu kanggo bahan lenyepaneun urang sadaya.
 
Pihatur,
ssw
 
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring oge puguh rada aneh suraneh nengetan
padungdengan basa Sunda teh. Ngan catetan, pangpangna
mah perkara kahelok kuring ka papada baraya US. Nalika
urang diajar basa deungeun, naon wae rek Inggris,
Walanda, Arab, Jepang jeung sajabana, jigana teu
pernah ngamasalahkeun perkara aturan kabasaan. Boh
gramatika, oge sintaksisna. Ditarurut we, sakumaha
kaedah-kaedah nu aya. Malah diajar basa Jepang, daraek
we diajar nulis make aksara jiga rokrak pasiksak oge.
Ari palebah diajar basa sorangan, hayoh pahibut
masalah undak usuk basa sagala rupa. Padahal jigana,
nu leuwih payus jadi padungdengan teh, naon nu geus
bisa dihasilkeun ku urang ku cara migunakeun basa
Sunda.

Salam,
MH



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke