Ari pamadegan sim kuring mah rada beda. Bisa bae kiwari geus aya
jalmi anu tiasa ngabudidayakeun udang lobster di darat. Kukituna,
bibit udang lobster air tawar oge teu mungguhan, bisa bae geus aya.
Jejer anu ngaharib sarupa ieu teh kungsi dipostingkeun ti heula,
geura urang balikan deui.
Sababaraha rupa komoditi lauk laut, utamana lauk hias ayeuna geus
bisa dipiara di darat. Carana teh make metode adaptasi. Dina
akuarium, mimitina mah cai akuarium lauk laut teh 100% cai laut.
Tuluy eta cai dina waktu-waktu tinangtu kalawan satahap-satahap
diganti ku cai darat. Upamana ti mimiti babandingan antara cai
laut : cai darat 95% : 5%, 90% : 10%, 85% : 15% ...tug saterusna
tepi ka 100% cai darat. Tangtu bae unggal waktu ditalingakeun
sangkan samangsa-mangsa cai laut diganti si lauk laut teh bisa
adaptasi, anu akhirna adaptasi sagemblengna. Tangtu bae deui, hal
ieu teh merlukeun waktu, tapi lain hiji hal anu mustahil. Sabab,
tina sajarah tutuwuhan jeung sasatoan, loba anu punduh-pindah
habitat antara habitat cai asin jeung cai darat (cai tawar).
Sabenerna, panalungtikan sarupa di luhur teh kuduna mah jadi puseur
perhatian pamarentah kalawan beaya pangrojongna, boh ka lembaga
panalungtikan samodel LIPI atawa ka perorangan anu motekar dina
jejer ieu. Sabab, apan Indonesia teh kawentar, lautna mibanda
kabeungharan lauk anu laku di pasar luar negri kalawan mahal. Malah
mah lauk-lauk anu karitu, samodel lauk Krapu, Kakap Merah, jjrd,
mindeng dipaling ti lautan urang ku nelayan asing. Kukituna, loba
sumber daya anu bisa dibudidayakeun di darat dan urang (sakuduna
mah) pangnyahona kana tingkah laku kahirupan lauk-lauk sarupa kitu.
Ngan....dina raraga neangan devisa teh pamarentah anu sakitu sagala
kawasa heunteu nepi geuning kana riset model kitu mah. Kalah ka
hayoh bae naekkeun BBM jeung pajeg...nu gampang tea ngerukna.
Baktos,
manAR
--- In [email protected], <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Saha ieu teh ?
> Upami bade nyungkeun informasi atuh anu leres kang bisi di tajong
ku ki
> kuncen...
> Ngenalkeun heula,saha, timana, dimana?
> Teras nyuhunkeun....
>
> -----Original Message-----
> From: nabrak_angkot [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: 29 Maret 2005 16:24
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] milarian bibit udang lobster air tawar di
bandung
>
>
>
>
>
> ka sadaya urang sunda..terutami nu aya di bandung..nyuhunkeun
> informasi perkawis bibit udang lobster air tawar..hatur nuhun..
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give the gift of life to a sick child.
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/