Upami urang maca wawancara Ali Sadikin nu tadi diposting, katingali Bang Ali teh jalmina teh "heuras". Jigana teh heurasna Bang Ali kabiasaan kulawargana. Kuring kantos maca lalakon ramana Ali Sadikin nyaeta Rd. Sadikin, salah saurang "tangan kanan" Pangeran Suriaatmaja, Bupati Sumedang, kantos ngudag-ngudag urang Walanda anu kurang ajar, bade ditampiling. Padahal eta teh di Jaman Panjajahan Walanda!. Nami Rd. Sadikin, dianggo nami jalan di Sumedang, nyaeta jalan di sisi kaler Alun-alun Sumedang. Rd. Sadikin teh pelaksana lapangan waktos Pangeran Suriaatmaja ngadamel sakola Pertanian Tanjungsari.
Aya deui dongeng pun Ua perkawis dr. Hasan Sadikin (rakana Ali Sadikin). Hiji waktu aya tatangga pun Ua di Padasuka Bandung keuna ku panyakit kotor, maklum panginten sok "jajan". Berobat ka dr Hasan Sadikin. Bari diubaran, beak bersih dicarekan, "Sia mah hirup teh beuki nu jorok, nyuntikna ge rek dialungkeun we" ....... Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

