Assalamu 'alaikum wr. wb.

Wilujeng enjing para wargi babakan KUSNET, wilujeng patepang deui. Mugia
sadayana aya dina panagtayungan Gusti Allah SWT.

Dina bahasa Sunda aya hiji gaya bahasa anu disebat "Rarahulan", nyaeta
ngaekspresikeun hiji pamadegan kalayan migunakeun gaya nu bombastis,
dramatis, sareng hiperbolis. Disebat rarahulan da aya heor-heor kana rahul
alias henteu enya-enya daria.
Tah rupina Pa Ali Sadikin teh ngahaja migunakeun gaya rarahulan dina
cumarios ka pers, mung rada kaleuleuwihi. Sok sanaos kitu saha nu terang ari
dina lebet ati sanubari anjeuna mah henteu sapertos anu dikedalkeun ku
lisanna. Piraku jalmi nu umangkeun muslim bet tega tigebrus ka naraka onaman
dapon nanjeurkeun pamaenan. (Na'udzu billah).

Ieu rarahulan Pa Ali memper-memper kana rarahulan urang Sunda nu unina kieu:
"Kajeun sangsara sakarat tibatan sangsara malarat". Ieu oge kalebet
rarahulan.
Rarahulan nu kaleuleuwihi, komo bari disarengan ku sikep nangtang bebendon
Gusti Allah sapertos "kajeun sangsara sakarat" atanapai "Kajeun tigebrus ka
Naraka", ieu dipahing pisan dina ajaran agama mah. Apanan sur Kangjeng Nabi
(saaw) oge "Quli al-haq (quli al-khair) au liyasmuth", pok caritakeun
bebeneran (atawa kahdean), lamun teu bisa kitu nya jempe bae !"

'Ala kulli hal. Pa Ali Sadikin teh urang Sunda nu teuneung ludeung, anjeunna
payus dijantenkeun tuladan pikeun urang Sunda lianna.  Mugia Pa Ali janten
jalmi nu husnul khatimah.

Tansah,
ZAM

----- Original Message ----- 
From: "Ina Ratnawulan" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, March 30, 2005 9:05 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Ali Sadikin: Demi Judi, Saya Rela Masuk Neraka


>
> saur abdi mah:
> "Nya mangga wae mun Bapa keukeuh2 teuing hoyong lebet ka naraka mah, ngan
> tong ngangajak batuh atuh..."
>
> wassalam,
> ~ina




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke