Assalamaulaikum Saingan jeung jago kolot, euy..!! Bae, lah eta mah Kolot (uing) nu Ganteng... Meureun mun Eyang ALI SADIKIN, mah Satria Ganteng nu manggung taun '72-an Mun kuring ku kiwarina meureun, nya?? Panuju, teu?? Nu teu panuju artina ........ (mangga eusian ku nyalira)
Aya ku gede hate eta si Eyang ALI, nya... Ludeung asup naraka ngan ukur melaan judi nu ceunah bisa ngahirupan jutaan jelema plus bisa ngawangun pasilitas umum di Jakarta. Jeung nu kuring heran bin bingung ka Si Eyang, anjeuna aya rasa teu rela Tatar Sunda (TS) dicaplok ku Jakarta. Saolah-olah anjeuna nyarios kieu meureun: "Kajeung Aing asup naraka alatan make duit Judi nu dibikeun ka rahayat, tapi Aing teu rela Tatar Sunda dicaplok". Kitu meureun.... Tapi kuring rada reueus ka Si Eyang teh pedah rasa pedulina gede pisan. Jeung naluri narima "Kebenaran" kalintang gede pisan. Soalna guru sayah kungsi carita ceunah Si Eyang teh kungsi layeut jeung M. Natsir (mantan Perdana Mentri RI) jeung A. Hassan (guruna M. Natsir). Ceunah (ceuk guru) mantak Si Eyang mah mun boga tekad teh sok siga nu hese nu dihalangan. Contona wae basa anjeuna gabung jeung "Petisi 50". Pan ludeung pisan musuhan jeung Aki Harto. Padahal harita si Aki teh kalintang kuatna. Jadi ceuk pamikir kuring lamun Eyang ALI boga karep ngalegalkeun deui judi teh, sabenerna lain ngahalalkeun sacara saklek. Tapi nitah ka nu boga kawasa sina neangan cara sangkan bisa nyumponan kasejahteraan. Mantak teu aneh mun Si Eyang "nganggap remeh" ka Anggota Dewan PK Sejahtera pedah teu panuju ngalegalkeun judeng (aos: judi). Pan tetep geuningan dina wawancara teh Si Eyang mah nangtang sacara langsung supaya PK Sejahtera bisa nyadiakeun lowongan gawe (meureun kituna teh jeung duit nu dipake modalna) ka rahayat nu nganggur. Tah mun kieu kaayaanna, cik saha nu wani ngajawab tantangan Eyang ALI? Cindekna komentar kuring kieu, Eyang ALI memang jelema heuras. Tapi ku heurasna sikep Eyang ALI kudu aya nu ngaping ti kalangan ulama atawa cendikiawan muslim. Ngan meureun kudu pinter neangan selahna sangkan bis ditarima ku logika jeung jiwana. Kitu meureun... Duka kirang langkungna mah mangga nyanggakeun ka pamiarsa... -- BAXTOZ, Om TEDDY waluya56, Wednesday, March 30, 2005, 10:15:34 AM, you wrote: .......... w> ngan saurang anu teu tiasa dicaketan teh, nyaeta Ali Sadikin! (bari w> manghanjakalkeun, sabab Bang Ali teh ganteng cenah). w> Baktos, w> WALUYA w> --- In [email protected], "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> Assalamu 'alaikum wr. wb. >> >> Wilujeng enjing para wargi babakan KUSNET, wilujeng patepang deui. w> Mugia >> sadayana aya dina panagtayungan Gusti Allah SWT. >> >> Dina bahasa Sunda aya hiji gaya bahasa anu disebat "Rarahulan", w> nyaeta w> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id w> Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

