Tah geuning... sok atuh, sumanget sabilulungan teh urang jadikeun bukur di alam nyata.
Usul ka Kang Rudi, kumaha upami eta salinan teh (kanggo nu ka lemah cai) dikintunkeun bae ka Ua Sas. Kapan anjeunna gaduh rumah baca. Upami tos aya di lemah cai mah, salajengna gampil. Ka nu hoyong motokopi, di dieu moal hese. Nu mirah aya nu salambarna 60 rupia, jumlah-jamleh mun 1000 kaca jadi "ukur" 60 rebu rupia. Mirah pisan! Kanggo hancegan salajengna, simkuring gaduh kereteg, yen salian ti ngadigitalkeun bacaan2 sakumaha anu ayeuna diluluguan ku Ki Hasan, sigana hade oge mun salajengna dicitak deui. Sakumaha anu didugikeun ku Kang Dudi, hariwang oge yen urang nu hese capena, pas geus jadi diaku deungeun. Jadi, dina edisi online (Internet), kudu dieceskeun pisan ngeunaan hak ciptana. Teu meunang disalin pikeun tujuan komersil. Salajengna, mun ieu bisa jalan, make label Yayasan Perceka salaku penerbit nu nyepeng hak cipta, kauntungan tina usaha ieu gebrokeun bae ka YP, pikeun ngokolakeun kagiatan2 sosial YP: pabukon simpay katresna, beasiswa keur barudak Sunda, jsb. sikandar On Tue, 29 Mar 2005 10:04:32 -0800 (PST), Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hancaan teh satemena aya dua, Kasepuhan sareng Poesaka > Soenda. Satemenna sim kuring asa kayungyun pikeun > ngaji Kasepuhan teh. Satadina mah Kasepuhan teh > sakaca-sakaca urang kintunkeun bae ka babakan, keun > pikeun diaduronyemkeun ku baraya dina sawatara waktu > mah, ke dina waktuna guaran hiji kaca eta teh karaos > cekap, urang cindekkeun bae kaca nu dipadungdengkeun > teh pikeun nutup padungdengan tea. Terusna rengse hiji > kaca eta urang kintun keun deui ka babakan kaca nu > salajengna der diaduronyemkeun deui. Kitu bae > salawasna tug ka akhir kaca 39. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

