Mangga, sim kuring ngiringan kana sadaya usul-usul sararae ngeunaan ngokolakeun PS. Ka Kang MH mugia kersa urun rembug kumaha saena, panambih kana pamadegan-pamadegan anu tos aya. Naha sayogi ngaluluguan ieu "proyek". Ngeunaan hak cipta, sapuk kana usulan Kang Kumincir. Ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu icikibung dina ieu kagiatan anu lumayan ageung. Pamugi barokahna ka urang sadaya.
Baktos,
manAR
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tah geuning... sok atuh, sumanget sabilulungan teh urang jadikeun
bukur di alam nyata.
Usul ka Kang Rudi, kumaha upami eta salinan teh (kanggo nu ka lemah
cai) dikintunkeun bae ka Ua Sas. Kapan anjeunna gaduh rumah baca.
Upami tos aya di lemah cai mah, salajengna gampil. Ka nu hoyong
motokopi, di dieu moal hese. Nu mirah aya nu salambarna 60 rupia,
jumlah-jamleh mun 1000 kaca jadi "ukur" 60 rebu rupia. Mirah pisan!
Kanggo hancegan salajengna, simkuring gaduh kereteg, yen salian ti
ngadigitalkeun bacaan2 sakumaha anu ayeuna diluluguan ku Ki Hasan,
sigana hade oge mun salajengna dicitak deui. Sakumaha anu didugikeun
ku Kang Dudi, hariwang oge yen urang nu hese capena, pas geus jadi
diaku deungeun. Jadi, dina edisi online (Internet), kudu dieceskeun
pisan ngeunaan hak ciptana. Teu meunang disalin pikeun tujuan
komersil. Salajengna, mun ieu bisa jalan, make label Yayasan Perceka
salaku penerbit nu nyepeng hak cipta, kauntungan tina usaha ieu
gebrokeun bae ka YP, pikeun ngokolakeun kagiatan2 sosial YP: pabukon
simpay katresna, beasiswa keur barudak Sunda, jsb.
sikandar
On Tue, 29 Mar 2005 10:04:32 -0800 (PST), Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hancaan teh satemena aya dua, Kasepuhan sareng Poesaka
> Soenda. Satemenna sim kuring asa kayungyun pikeun
> ngaji Kasepuhan teh. Satadina mah Kasepuhan teh
> sakaca-sakaca urang kintunkeun bae ka babakan, keun
> pikeun diaduronyemkeun ku baraya dina sawatara waktu
> mah, ke dina waktuna guaran hiji kaca eta teh karaos
> cekap, urang cindekkeun bae kaca nu dipadungdengkeun
> teh pikeun nutup padungdengan tea. Terusna rengse hiji
> kaca eta urang kintun keun deui ka babakan kaca nu
> salajengna der diaduronyemkeun deui. Kitu bae
> salawasna tug ka akhir kaca 39.
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

