masalah nu sering kaliwat di urang, sigana oke ku PKS, kanyataan yen ieu nagara teh teu make syariat Islam, oge utamana di kota, loba seler sejen nu teu loba ngagem agama Islam. sebut we seler Cina. seler cina boga kabiasaan judi, nu pastina oge mangaruhan tukang beca nu biasa mangkal hareupeun tokona.
toong malaysia, nu ceuk si cenah, nerapkeun syariat Islamna rada sereg. diunggal paguron, agama islam jadi mata kuliah wajib. soal aurat contona, artis nu nyanyi teu meunang make baju lekbong atawa yukensi. Tapi, sadar yen urang Malaysia teh lain Muslim wungkul (seler melayu), oge aya Cina nu boga karesep judi jeung agemanana lain islam, nya Malaysia nyieun komplek wisata, Genting Higland. cenah di ieu tempat wisata, judi kaci da jang mere tempat nu teorina mah, lain pikeun muslim da jelas teu meunang alias haram. sacara normatif, judi pikeun seler cina atawa seler sejen nu teu katalian ku hukum Islam nu jelas ngaharamkeun judi- mangga teh teuing. kecuali aturanana memang hukum nagara/pamarentah. tapi da di urang mah nu dilarang atawa teu meunang teh kalah ka payu. antuasias kana nu kararitu teh, hehe. mun siga Genting Higland, nya meureun make we hiji pulo di pulo Sarebu, nu jarudi kadarinya, teu di hiji tempat boh jakarta atawa di bandunga. pikeun tukang judi singapura, nyieun tempat di hiji pulo deukeut batam. meureun nagara meunang duit tah tina pajegna jeung sajabana. nu jelas, tempat-tempat kitu ulah di kota nu pendudukna campur. kudu di lokalisasi. soal cina resep judi, cenah judi eta teh, boga 'moral' nu alus, nyaeta ngadidik pikeun wani narima risiko. alusna, nya kana usaha, cina warani jeung loba nu sukses. wani narima risiko. mental entreupreuner tea. mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

