Muhun kang tah samodel kitu kahirupan jalmi2 aya (jalmi2 The Have) di urang teh. Jakarta ge tiasa siga Las Vegas. Urang kedah muka realita nu aya. Eta teh mangrupi fenomena. Tapi masih keneh seueur jalmi2 anu ngajalankeun kana jalan leres ge. 
Muhun saurna urang teh mayoritasna agama islam. Eta mah mung kuantitasna duka upami kulaitasna mah. Tapi dibandingkeun sareng anu kapungkur, islam ayeuna langkung majeng. Henteu sapertos nuju orma atanapi orba sesah majengna.
 
 
Neng Iva  

Rudi Heryanto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari ningal info ti kang Waluya mah, asa ngenes nya ari urang teh aya di nagara naon atuh? da raraosan mah saurna teh mayoritas islam. Tapi da kumaha atuh saur Kang Nana ge geuning aya aparatna nu tiasa di sarogok kitu.
 
Teras ari judi kedah dikumahakeun? Judi mah teu kedah dikumaha-kumaha keun da eta tos jelas meureun haramna teh.
 
Tapi mudah-mudahan jadi teu alit manah lamun 
ngemutan saur nu ti PKS kutan ngarengsekeun kahirupan dunya teh teu kedah "talbisul haq bil bathil" urang "ber amal jama'i melalui Bina Pribadi Islami, Bina Keluarga Islami, Bina Masyarakat Islami" teras urang rojong nu ayeuna keur diperjuangkeun ku kulawarga urang ti HTI deg adegkeun khilafah kitu panginten.  Mudah-mudahan lamun kitu moal aya masalah nu kararieu (ngalamun iyeu mah .. benten panginten kondisi nagara  lamun pak Karno nganepatan janji ka Daud Beureuh sareng ka Kartosuwiryo).
 
 
Punten ngiringan hungkul,
 
 
----- Original Message -----
From: waluya56
Sent: Wednesday, March 30, 2005 1:07 PM
Subject: [Urang Sunda] Jaman geus robah --> Re: Ali Sadikin: Demi Judi, Saya Rela Masuk Neraka


Teh Nia, judi ageung-ageungan di Jakarta, saleresna mah ayeuna oge
masih aya, malah langkung ageung ti keur di jaman Ali Sadikin
marentah. Teras soal maksiat, aya buku "Jakarta Undercover" nu
nyarioskeun kahirupan malem di Jakarta. Judi nu ageung, ceuk cenah
dilakukeun ku nu baleunghar (utamina mah Cina) nganggo sagala cara.
Salah sahijina nganggo Kapal pesiar. Seueur iklan na koran, pesiar ka
Singapur nganggo kapal pesiar. Tah dina kapal pesiar ieu judi jiga di
Las Vegas atawa jiga di Malaysia (naon geuning nami tempatna teh Ki
Hasan?) dilakukeun, waktu kapal pesiar aya di perairan internasional
(langkung ti 200 mil ti pantai), di perairan ieu, hukum indonesia,
henteu berlaku. Kapal pesiar ieu ukur pura-pura jadi kapal pesiar
padahal kamufalse keur perjudian.

Di nagara tatangga urang aya tempat perjudian anu ageung, jiga di
Malaysia jeung di P. Chrimach Australia (kiduleun Pelabuhan Ratu)
sajam hiber ti Jakarta. Saha anu jarudi didinya? urang Indonesia!.
Urang Indonesia nu baleunghar resep judi, parantos rahasia umum jeung
jadi sumber pendapatan kompleks perjudian nagara tatangga.  Nu
baleunghar di Indonesia, moal tiasa dilarang kangge judi, da tinggal
hiber we ka nagara tatangga, der weh meakeun duit didinya, malah
kapungkur aya wartos putra presiden wae dugi ka seseepan di Las
Vegas, teras ditewak pulisi. Artosna? kenging nyandak ti Indonesia
mirip jeung sheik-sheik Arab nu nyandakan artos ladang minyak,
dianggo judi di Las Vegas. Tah ku alesan ieu panginten kunaon Bang
Ali satuju upami perjudian di Indonesia dilegalisir, supaya artos
penjudi teh tetep aya di Indonesia ulah jadi devisa nagara batur.
Kapungkur anjeunna ngadamel tempat judi nu dilokalisir. Harita oge
seueur nu nentang, tapi jawab anjeunna :" Lamun haram, nya entong
asup kadinya!.

Janten analogina sapertos daging babi anu henteu dilarang diical-
galeuhkeun di Indonesia. Umat Muslim tantosna oge moal meser daging
eta, da haram. Sapertos Judi anu dipajeg ku nagara, ical galeuh
daging babi oge, tetep keuna pajeg keur nagara. Janten nagara urang
teh tetep nampi artos tinu "haram-haram" ieu, sanes tina judi wae.

Ah tos sakieu, ngiringan ngacaprux.

WALUYA







--- In [email protected], "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Muhun memang seorang pamimpin teh kudu/wajib berkorban...sae pisan
bahkan salut upami pamimpin wani berkorban sampai masuk naraka gara2
memperjuangkeun rakyatna.
>
> Tapi memperjuangkeun judi, kinten2 salain pamimpin eta anu asup
naraka , saha deui anu bakal asup ka naraka?...yakin mung eta
pamimpin anu asup ka naraka teh?wallohualam..najan abdi dosana agueng
oge ari kedah nantang2 masuk neraka mah alim komo pikeun ngarojong
judi mah embung ...
>
> Kantos kapungkur sakilas membaca membakar surga menyiram
neraka...leres kitu..semacam itulah...tetapi utk menegakkan judi? apa
cukup pantas ? risikona teu terlalu ageung? judi ok, lalu pelacuran
maju oge mabuk2an ..terakhirna narkoba.
>
> Upami judi mung di tujukeun ka etnis cina wungkul, bisa penjudi2
miskin itu terima? naha cenah nagara2 dewek, cina kaci judi dewek
tidak? boro2 di persilahkan , dilarang oge maceuh boh keur nu miskin
oge anu beunghar.
>
> Meureun bade jakarta teh bade nyontoh las vegas...tapi beda
panginten pamendak abdi anu bodo mah, di urang tidak pantas seperti
itu teh, judi, obat2an, wanita2 satengah talanjang...moal jauh ti
kitu engke teh panginten. Ayeuna awal2 mungkin masih tiasa di
kendalikan , tapi engke?....
>
> Punten ah ngacapruk.
>
> Nia
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke