Euleuh meni ra,e perkawis djudi teh nyaa,
Perkawis kenging henteuna legalisasi judi moal digotrengkeun da abdi sanes ahlina. Upami (ieu mah upami) judi tiasa dilegalisasi, nu janten rada rame teh perkawis kenging henteuna muslim lebet sareng maen judi di dinya. Sakedik kutrat kotret dina keyboard, mugia nambihan perspektif kanggo noong perkawis ieu ..
Muhun leres yen teu aya paksaan dina agama (al Baqarah 256). Mung kedah tumaros ka ulama naon maksad teu aya paksaan dina ieu ayat teh (Kang Oman kumaha tah?). Kahijina, naha leres nu dimaksud teu aya paksaan didieu teh keuna kanggo jalmi nu tos milih agama Islam? Numutkeun abdi, teu aya paksaan soteh pikeun jelema milih Islam atanapi henteu. Tapi sakali jalmi tos sahadat teu aya pilihan lain dina urusan kahirupan salain Islam, sagala urusan kedah dibalikeun ka
Allah SWT tur Rasulna. Salah sahiji konsekuensina nya kudu daek dipieling ku batur, kalebet diatur kenging henteuna judi.
Kaduana, kaidah amar ma'ruf nahi munkar (Ali Imron 110 jrrd) nu sifatna fardu 'ain, numutkeun abdi, ngalambangkeun yen pola bina masyarakat nurutkeun Islam teh aya dua: individual sareng communal. Pamisahan publik sareng private domain (urusan nagara - urusan pribadi), punten numutkeun abdi, mucunghul di barat kulantaran gagalna agama (Kristen) ngolah nagara. Sanes bade apriori kana leres henteuna, tapi naha leres ieu teh kapalay al Qur'an?
Nyerahkeun ka individual pikeun nimbang2 sagala kalakuanana masih ngadung bahaya. Kahijina, jalmi biasana mentingkeun hak. Kaduana, teu aya nu tiasa ngukur pangaruh kalakuan hiji jelema ka masyarakat. Katiluna, teu sadaya jelema boga kamampuan intelektual pikeun milah tur milih informasi. Dikaitkeun ka masalah legalisasi judi tea, kumaha hukumna pamingpin/komunitas nu teu nyaram muslim asup ka legalisasi judi? Yakin teu nanaon? Yakin cekap ku himbauan?
Perkawis acisna, kunaon nu di itung ngan pemasukan wungkul? Kumaha social cost-na? Wah ngetang nu ieu mah moal aya tungtungna. Misalna, kumaha mun terus aya konflik horizontal terus investasi teu lebet? Kumaha carana ngahindarkeun judi ti rahayat miskin? Sabab mun nu miskin milu judi kedah dipikiran efek dominona (miras - kriminal). Kriminal naek = anggaran nagara pikeun polisi naek.
Kaduana, kumaha hukum artos nu lebet ka kas nagara? Naha tiasa pikeun "maraban" muslim? Analogina bunga bank nu teu kenging diangge pikeun kapentingan pribadi tur kedah disalurkeun dina bentuk infrastruktur. Naha sadayana kedah diangge ngadamel jalan?
Keur abdi mah, legalisasi judi peryogi analisa nu langkung jero da
ngandung dampak sosial tea. Duka tah upami misalna ulama tos matwa
haram, Insya Allah sami'na wa atho'na.
Allaahu 'alam..
Yudi
--- In [email protected], Rukayadi Yaya wrote:
Perkawis pamendak Pa Ali Sadikin, sapuuuuuuuukkkkkkkkkkk pisan,
satuju, akur, satuju pisan.
- Dina lawang saketeng lokasisasi awewe bangor kudu ditulis: "Ini
tempat maksiat, anu asup kadieu bakal ka naraka".
- Dina panto tempat judi kudud ditulis:" Judi lagiii..ah, dosa dong,
neraka lho!!!"
Jadi pan jelema teh boga pamilih, cenah narekadna jelema teh kusabab
teu aya pilihan, keur ari dibere pilihan mah sugan, da dibejaan mah
enggues, naraka buruhna, keun boa boa ya nu hayang ka naraka, naha
make ngahalangan nu kanaraka, hak azasi deuleu!!! jeung ngadidik deui
sangkan ulah munafik. Allah nyadiakeun syurga jeung naraka, keun bae
sena marilih sorangan, tibatan awewe bangor handapeun tatangkalan
(cara di Bogor), jerkut (ditojer diluhur jukut, siga di Tegall lega),
jelema leutik mah moal kabedag judi gegedean (paling gaplehan), keun
bae sena china jeung
batak nu jarudimah hehehhehe.....Hirup Pa Ali urang
Sumedang...hiruuuuuuuuuuupppppppp.
Tungtung Seoul
KangYa
--------
Yudi,
engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu
satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]
________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
--
---------
adesaeatgmaildotcom
--------
Yudi,
engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

