ari emut SDSB teh janten emut ka pun
bapa...
harita pun bapa keur lieur2na neang waragad jang
mayar operasi mata pun lanceuk di Cicendo,
meureun saking lieurna, "diam2" (maenya basa
sundana cicing-cicing..:D) pun bapa meuli SDSB,
bari euweuh nu nyaho meuli SDSBna teh, da mun aya
nu apaleun mah pastina ge era ku pun aki,
na eta mah da... no. anu dipasang ku pun bapa teh
jebol alias meunang....
nu antukna bisa jang mayar ka rumah sakitna...
hehehe...
duka ari nu kitu kasebutna rejeki atawa naon
nya...???
sabab ngan sakali-kalina eta pun bapa meulian
SDSB, bari jeung susulumputan oge, :D
Panzi
----- Original Message -----
Deuleu etah si Teh Nia.
Kuring jadi inget jaman SDSB di lembur euy. Kulantaran
Harmoko,
bewara kamana-mana yen SDSB lain judi, nepi
ka eta "fatwa" Harmoko teh
bisa mangaruhan Lebe nu sok
jadi Imam di lembur kuring. Nya Lebe oge
pipilueun
ber-SDSB-ria. Hal sejenna, pamong desa, guru-guru di
lembur
oge garetol jonjon ngadeluk utang-itung kode
buntut. Hua ha ha. Upama
judi dilegalkeun, meureun eta
kajadian teh baris jiga kitu
deui.
Salam,
MH
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links