Kabeneran kuring acan maca buku karangan urang jepun ieu, engke ah 
rek milarian ka toko buku. Geuning Moehamad Moesa teh nya ageung 
jasana nya dugi ka disebat "Manusia yang mendahului jamannya". Kitu 
deui K.F Holle, walanda anu caket jeung Moehamad Moesa. Base pere 
tilu poe, kukurilingan jeung pun Anak di Garut milarian prasasti 
panginget-nginget ka K.F Holle, hanjakal henteu kapendak, tadina mah 
hayang ngadongengkeun ka budak, yen walanda teh henteu goreng kabeh, 
jiga nu ditulis dina sajarah SD/SMP. Jigana kudu jeung kang Kumincir 
yeuh .......

Nu dimaksad Moehamad Moesa ieu teh panginten Panghulu Moh. Moesa anu 
ngangkir Haji Hasan Mustapa, supados mulih ka Garut supados 
ningtrimkeun para ulama garut nu nuju "rada panas" perkawis masalah 
agama. Oge panginten Moehamad Moesa anu nurunkeun Kartalegawa, tokoh 
anu memprokalmirkan Nagara Pasundan. Boga kawawuhan, Kang Nanar, 
rerencangan Kang Oman di GTL (direktirat Geologi), anjeunna kapialona 
Kartalegawa. Manehna sok ngobrol perkawis saderekna ieu. Oge kuring 
wawuh jeung urang Jawa, Pa Suharto Wongso, oge seniorna kang Oman di 
GTL (parantos pangsiun), manehna keur sakola di ITBna kost di bumina 
Kartalegawa. Pak Wongso sok nyarios, Pa Kartalegawa teh jalmina 
bageur cenah.

Kadang-kadang, ku politik jeung ku jaman, jelema anu gede jasana, 
jadi leungit teu disebut-sebut, nu populer malah "Nagabonar", copet 
anu ngangkat dirina jadi jenderal waktu revolusi ............eh 
tarerang henteu film "Nagabonar"?

Baktos,
WALUYA



--- In [email protected], "zaky" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> Kanggo Kang Durrachman
> 
> Semangat Baru 
> (Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad ke-19)






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke