|
Wilujeung Kang Yayan....
Kantos sim kuring ka Pasir muncang basa keur taun
2000. Emut simkuring mah mun urang bade ka Arca Domas urang kedah mapah ti
terminal Pasir Muncang ka tonggoh, engke nepikeun satutung jalan aspal
diteraskeun ku jalan taneuh tapi mobil tiasa ngalangkung, disisi jalan teh kebon
sampeu hungkul, engke caket bates kebon sampe jeung kebon teh (sateuacan makam
tantara jerman) beulah katuhu disisi jalan aya tangkal gede jeung aya batu
nu rada rubak dihandapeunana, nu lebet ka kebon sampeu.
Basa taun 1984 eta taneuh masih keneh
mangrupakeun situs, aya patung ganesha, monyet leutik jeung parabot nu
sanesna ngurilingan si batu. Ceuk carita
masyarakat didinya, eta patung jeung parabot situs didinya dicandak ka
kantor desa,make alesanana keur "diamankeun" ceuk aparat teh, tapi kabeulah
dieunakeun eta patung jeung parabotna ditawis kuurang asing (duka bangsa
naon), nepikeun ka kiwari parabot situs tos teu aya wartosna deui (sugan tos aya
di musium di New York kitu ?). Sedih pisan eui....
Katambah nu nyieun sedih simkuring, ayeuna
lokasi situs teh parantos janten kebon sampeu jeung bedeng
pangarapna. Kaleresan keur taun 2000 kuring tepang jeung nu ngarap,
teras kuring naroskeun kanu ngagarap eta kebon, "Kang....kapungkur didieu
teh aya situs kuno ayeuna kamana " ceu kuring. " Aduh maaf yah saya kurang tahu,
abis saya orang baru disini" ceuk manehna. "Emang akang dari mana ?"
interograsi kuring (jiga FBI wae) " Saya mah dari wetan" ceuk manehna,
"Euleuh aya prajurit majapahit nyasab kadieu" jero hate teh. Eukeur mah
sedih katambah tepang jeung semah, atuh puguh sakalian carekan wae ku
kuring "Ini kebon punya akang ?", " Iya pak", " Mas dapet dari
siapa ?" carek kuring, "tadinya ini tanah kosong karena tidak
dipake saya tanami aja sama singkong " bari manehna katinggalna sieun
disangkan kuring pegawai BPN meureun, " Akang tau tidak kalau tanah ini
milik negara terus tanah yang akang garap ini adalah situs " ceuk kuring. " Maaf
pak saya mah tidak tahu, saya cuma ikut-ikutan jarah sama dengan yang
lain" ceuk manehna. Memang wewengkon desa pasir muncang teh tilas afdeling
Cikopo Selatan nu tos di bubarkeun tahun 1981 matak ayeunamah taneuhna
dijarah ku masyarakat. Matak teu aneh di jaman kiwari di tengah kebon
teh Gn Mas aya kandang hayam milik pribadi.
Janten inget masalah tanah di tatar pasundan mun
dietang-etang parantos opat kali dijarah secara sistematis, kahiji basa keur
nasionalisasi, kadua di kaluarkeun PP 32 th 63 mengenai landreform, katilu PP 10
tahun 1978 perkawis perkebunan swasta di Jawa barat, Kaopat mangsa ayeuna jaman
Repotnasi nu ku presiden diheugkeun ngajarah, urang desa dipropokasi ku urang
kota. Anu pang rusakna mah di Jawa Barat khusuna, umumna di Jawa, lantaran di
Jawa mah teu aya tanah adat, sabab walanda mah nyaho ! US mah tidak ekspansif
jeung ribut antar suku, ti jaman kapungkur nu sok mawa ribut jeung
ngaruksak mah biasana semah lantaran "melak"na sok bari jeung maksa, ieu
mah melak naon wae rek melak tatangkalan (janten emut ka "tangkal
pinusna" Mang Oman A) atanapi "melak" pangaweruh di Parahiyangan
ieu nu leuwih bahaya. Mun rek diomong mah memang aya wae batur nu kalakuanana
kirang sae nu ngaruksak lembur nu kantos janten pajabat nagara.
Upami dikalereun Arca Domas aya Arca Manik,
kalebetna kana wewengkon afdeling Megamendung, ieu oge tilas perkebunan
Megamendung nu tos dibubarkeun 1980an mun teu lepat 600 Ha legana. Sami Arca
manik teh tilas situs, ngan nu ieu mah tos dikuringan ku bumi
penduduk.
"Cucruk galur nu kapungkur nu diruksak ku
batur"
"Papay lacak nu bareto di digadabah ku
semah."
Batur teh aya batur selembur, samasjid, saimah,
sasumur jeung sakasur.......nu sok mamawa semah....hahahahaha
Tos heula......cangkeul
TAJIMALELA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|

