Abdi Satuju sareng pamendak kang MH ( anu ageung perhatiannana ka US )
Dimana wae urang nincak, mangga urang tanjeurkeun kamonesan US.
Hayu urang sasarengan......

Hatur nuhun, 
Iyan

-----Original Message-----
From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: 04 April 2005 14:39
To: [email protected]; urangsunda; us-di-us; barayasunda;
gankleboy
Subject: [Urang Sunda] PS: Lalampahan Satengah Poe Poesaka Soenda


Baraya,

Percaya teu, majar budaya, basa jeung sastra Sunda
geus pada naringgalkeun ku urang Sunda sorangan? Majar
geus teu dipikaresep ku sekeseler Sunda sorangan.
Majar kitu, kitu, kitu. Majar kieu, kieu, kieu. Sing
sumpah kuring mah teu percaya. 

Geura pek ieu toong, tadi isuk kuring medalkeun situs
Poesaka Soenda, ngan ukur satengah poe, geus pada
noong ku seuweu siwi Siliwangi ti mana mendi. Ngan
ukur satengah poe geus ditoong ku-77 tatamu nu
ngulampreng ti 8 nagara leuwih (Indonesia, Malaysia,
Japan, United Arab Emirates, Korea, United States,
jeung Egypt).

Ieu teh totonden naon, taya lian satemenna budaya,
basa, jeung sastra Sunda teh masih keneh pada
mikaresep, masih keneh pada mikaheman, masih keneh
pada mikareueus ku para sekeselerna. 

Jigana salila ieu masalahna perkara heureutna media.
Ku kituna, hayu urang ngababakan, urang ngabaladah,
urang "ngababad alas amer" pikeun ulubiung ngarumat
budaya jeung basa Sunda, numutkeun kasanggup
sewang-sewangan. Nu resep maca, pek baraca, sing jiga
maca doraemon jeung sinchan. Nu daek ngetik, pek geura
ngacung, loba pigaweeun mah, ayeuna keur
ngadigitalkeun Poesaka Soenda. Nu resep ngobrol, pek ngawarangkong ku
basa Sunda. Kaci pasea oge, ngarah pada apal, jiga kumaha ari kosakata
keur pasea. Hehehe.

Geus heula ah. Bisi sarius teuing. Rek ka cai heula
deuih.

Salam,
MH

=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Personals - Better first dates. More second dates. 
http://personals.yahoo.com



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke