Ulah kitu ah Kang Iyan, eta mah mung ukur pamendak kuring. Teu acan dugi ari kedah disebut "ageung perhatianana ka US" mah. Ampun paralun teuing. Sanes Kang, ieu teh puguh nuju ngahanca Poesaka Soenda, Akang kersa ngiringan janten transkriptor? Hehehe.
Salam, MH --- [EMAIL PROTECTED] wrote: > Abdi Satuju sareng pamendak kang MH ( anu ageung > perhatiannana ka US ) > Dimana wae urang nincak, mangga urang tanjeurkeun > kamonesan US. > Hayu urang sasarengan...... > > Hatur nuhun, > Iyan > > -----Original Message----- > From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: 04 April 2005 14:39 > To: [email protected]; urangsunda; us-di-us; > barayasunda; > gankleboy > Subject: [Urang Sunda] PS: Lalampahan Satengah Poe > Poesaka Soenda > > > Baraya, > > Percaya teu, majar budaya, basa jeung sastra Sunda > geus pada naringgalkeun ku urang Sunda sorangan? > Majar > geus teu dipikaresep ku sekeseler Sunda sorangan. > Majar kitu, kitu, kitu. Majar kieu, kieu, kieu. Sing > sumpah kuring mah teu percaya. > > Geura pek ieu toong, tadi isuk kuring medalkeun > situs > Poesaka Soenda, ngan ukur satengah poe, geus pada > noong ku seuweu siwi Siliwangi ti mana mendi. Ngan > ukur satengah poe geus ditoong ku-77 tatamu nu > ngulampreng ti 8 nagara leuwih (Indonesia, Malaysia, > Japan, United Arab Emirates, Korea, United States, > jeung Egypt). > > Ieu teh totonden naon, taya lian satemenna budaya, > basa, jeung sastra Sunda teh masih keneh pada > mikaresep, masih keneh pada mikaheman, masih keneh > pada mikareueus ku para sekeselerna. > > Jigana salila ieu masalahna perkara heureutna media. > Ku kituna, hayu urang ngababakan, urang ngabaladah, > urang "ngababad alas amer" pikeun ulubiung ngarumat > budaya jeung basa Sunda, numutkeun kasanggup > sewang-sewangan. Nu resep maca, pek baraca, sing > jiga > maca doraemon jeung sinchan. Nu daek ngetik, pek > geura > ngacung, loba pigaweeun mah, ayeuna keur > ngadigitalkeun Poesaka Soenda. Nu resep ngobrol, pek > ngawarangkong ku > basa Sunda. Kaci pasea oge, ngarah pada apal, jiga > kumaha ari kosakata > keur pasea. Hehehe. > > Geus heula ah. Bisi sarius teuing. Rek ka cai heula > deuih. > > Salam, > MH > > ===== > Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Personals - Better first dates. More second > dates. > http://personals.yahoo.com > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________ Yahoo! Messenger Show us what our next emoticon should look like. Join the fun. http://www.advision.webevents.yahoo.com/emoticontest ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

