Hatur nuhun Kang,

Aya saena oge katerangan tina rasa taliti Kang Rachmat teh. Muhun ka
dituna mah tangtu bae urang teh kedah atos-atos nya ngaanalisa. Ari
dadasar si kuring ngasongkeun pamadegan teh taya lian ti pikiran yen
tangtuna oge anu marendakan PS teh asalna miang tina teteangan dina
internet kalawan migunakeun kecap konci "sunda"...boh Sunda anu
baheula atawa anu ayeuna. Ditimbang tarajukeun jeung konsep marketing
naon anu jadi garapan, saha bae jeung keur tujuan naon bae oge ari
kangaranan neangan barang mah nya apan tangtuna oge jadi prospek
pasar. Kitu sugan, manawi.

Anapon kadituna, nya kantun neraskeun bae. Nyoreang alam ka tukang
tangtu bae heunteu bisa atawa cukup ukur ngarandeg dina patok
nostalgia, sakuduna diteruskeun ku taraje revitalisasi. Sangkan anu
baheula teh ngawujud deui dina wanda hasil tafsiranana, jadi cukang
lantaran nyumponan pangabutuh ayeuna. Revitalisasi nyokon kana 3
lengkahna anu geus maneuh: nalungtik kalawan teleb jeung nafsirkeunana
/ngamaknaanana pikeun pangabutuh pajamanan, ngayakeun pararangkay
sacara babarengan (kolektif), akhirna: kreativitas.

Tah disagigireun keur jualan kauntungan sarerea babarengan (anu aktif
kalayan babagian sacara proporsional) garapan teh bisa dijadikeun
padungdengan jeung silih simbeuhan prosesna dina raraga revitaliasi
tadi (bagian sosial tina garapan). Ku cara kitu, ngalieuk ka tukang
teh babarengan jeung sasadiaan ngahanca lalampahan ka hareup.

baktos,
manAR



On Apr 4, 2005 3:55 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Leres Kang, jigana kedah kitu. Keun sakalian, ngarah
> para kasepuhan galecok deui ngababakan. Mudah-mudahan
> aranjeuna kersa ngabahas naon anu aya dina PS. Tos
> mangsana ageman "nyumput buni dinu caang" teh
> sakedik-sakedik disinglar. Upama ninggal kaelmuan di
> beulahan dunya lebah kulon, geuning mekar jeung
> sumebarna elmu teh kulantaram sering dibahas kalawan
> terbuka. Pon kitu deui perkara kasundaan, upama urang
> percaya rehna ieu teh perkara pinunjul, atuh tangtos
> kedah dipikawanoh ku balarea.
> 
> Salam,
> MH
> 
> --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> > Salian ti bungah teh,panginten urang kedah taki-taki
> > (waspada). Naha? Kuring gaduh pamanggih sejen.
> > Boa-boa anu ngulampreng nitenan PS teh haat ku
> kasono
> > ka mangsa katukang, hayang nostalgia ka alam
> baheula.
> > 
> =====
> Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
> pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
> mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke