Wa'alaikum salam wr wb., Parantos Kang, namung teu sawios-wios dikintun deui oge. Puguh rada teu purun mairan tulisan anu siga kitu teh, rada miceun tanaga mikiranana, barina oge lain hancengan model anu voluntir siga kuring kieu, hayoh bae ngadon pasea mah.
Urang Cirebon nolak disebut "Urang Sunda"? , kumaha upama disebut Urang Tatar Sunda? masih keneh nolak? na arek misahkeun maneh?. Teu, cenah, tapi hayang disebut warga masyarakat Cirebon atawa Jawa Barat bae? Beueu...na kabina-bina teuing mopohokeun sajarah. Ngaran "Jawa Barat" mah estuning warisan Walanda, pangjajah tea. Sabab anu mimiti ngawajibkeun eta istilah administratif teh nya pangjajah anu tujuanana puguh ge siga tanda-tanda anu keur disanghareupan: paburencayna persatuan. Naha rek rido ngaheulakeun ngaran warisan Walanda tinimbang ngaran anu aya-jelas pisan- akar budaya jeung sajarahna? "Cirebon" atuh? aeh,....naha teu uninga, apan ari ngaran "Cirebon" teh produk tina lalampahan sajarah masyarakat anu ngaranna "Urang Sunda" atawa "Urang Tatar Sunda"? na kamalinaan teuing rek ngaleungitkeun akar sajarah sorangan? Lamun nyokot ukur tina mangsa mucunghulna ngaran "Cirebon" mah atuh deet pisan nancebna akar budaya teh, ukur ti abad 15-16 M, sedengkeun ari Sunda apan meh ti abad 7 Masehi? Tatar Sunda, budaya Tatar Sunda....masyarakat Sunda...dimimitian ti Salakanagara, di pungkas di Cirebon, lalampahana sajarahna anu kaasup dina mangsa samemeh pra kamerdekaan. Ayeuna pamungkasna rek ngalepaskeun maneh tina akarna? na asana teh teungteuingeun, leuwih milih akar anu pondok tinimbang anu pageuh nanceb dina jero sarakanana? Eta cenah kadar kamekaran budayan beda...teu kedah jadi kahariwang, da masyarakat jeung pamimpin Tatar Sunda anu bener mah tangtu baris ngahargaan kana bebedaan anu aya sajeroeun budaya selerna. Aya Sunda pakidulan, patengahan, pakaleran, jeung saterusna. Meureun heuras teuing alokna, jadi ekstrim teuing anu panambalangna, tepi ka arinyana jadi heuras oge? enya meureun kitu. Numatak ari cacarita teh kudu asak jeujeuhan, kudu make elmu komonikasi anu efektif tea, cenah. Lamun itu-ieu katerangan anu ditepikeun kalayan hade komunikasina tetep bae teu matak robah pamadegan; upama usaha-usaha persuasif anu daria ina ngajaga persatuan tetep heunteu bisa mumpang kahayangna anu keukeuh hayang beda, hayang misah, sigana pamadegan para padagang (marketter) dina bisnis multi level pantes disogrogkeun. "Anjeun teu cocok ngantet dina jaringan kami, hayu bae urang pipisahan". ""Leave it", masih loba (lega) keneh anu daek ngagabung, tinimbang jadi cucuk dina waruga mah". Hapunten....subulangbentor, eta mah angen-angen hampuraeun bae. baktosna, manAR On Apr 4, 2005 5:04 PM, nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamualaikum > > Mugia ieu bisa jadi pieunteungeun keur urang, > hampura ka sadayana lamun geus nyaraho. > > Wassalam > Nana > > ________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Sports - Sign up for Fantasy Baseball. > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > ________________________________ > Yahoo! Groups Links > > To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

