Assalamu'alaikum

Kahatur Baraya Kuring di Babakan Kusnet

 

Kuring nyoba ngomentaran mas�alah Syariat Sunda (SS)

Ari ceuk kuring mah asa ku moal pi sukseseun lamun enya urang arek nerapkeun anu disebut SS teh. Naon sababna? Sabab isme � isme anu umurna kolot tur geus ngaglobal ge geuning loba anu pating rumpuyuk henteu bisa kukumaha ngayonan �perkembangan� kahirupan manusa zaman kiwari. Saperti contona Komunisme anu umurna bisa dirunut nepi ka zaman ngadegna keneh kakaisaran Persia dina dua rebu tahun anu kaliwat, buktina tempo di terapkeun dina Kekaisaran Persia moderen (Uni Sovyet) umurna henteu kungsi nepi ka saabad. Sok sanajan di China jeung di sababaraha nagara sejenna masih keneh dipake eta ideologi teh tapi satemena manusa enggeus teu percayaeun yen komunisme bisa mere solusi pikeun mas�alah � mas�alah dina pazamanan samodel kieu. Komo deui anu dingaranan SS tong boro keur jadi ideologi bangsa, anu percayaeun yen ss teh aya teuing sabaraha urang, padahal eta dilemah caina sorangan. Ari ceuk kuring mah kusabab urang sunda teh geus asup islam jeung insya allah moal murtad deui mendingan anu diterapkeun mah syariat islam wae da syariat islam dina kanyataannana geus mampu mere kajayaan ka bangsa arab dina waktu anu mang abad abad lilana ditambah deui islam ngabogaan kitab suci anu kamurnian jeung kaotentikanana henteu diragukeun jadi naon deui atuh anu rek diteangan ku urang sunda teh padahal anu diteteangan aya hareupeun. Sagala syariat moal bisa ngayonan unggal pazamanan iwal ti syariat islam wungkul, sagala syariat eta bathil ngan syariat islam wungkul anu bener.

ngomong kieu soteh kuring mah asa sieun di duruk engke lamun urang kumawani make syariat anu sejen padahal urang teh ngaku iman jeung islam.

ayeuna lamun urang resep keneh �beromantisme� ngeunaan kajayaan baheula satemena kajayaan baheula teh euweuh, kajayaan baheula ngan rekaan urang salaku bangsa anu ngarasa teu walakaya dina enggoning ngayonan parobahan zaman, bangsa urang henteu siap nyanghareupannana saperti halna Sri baduga jeung Surawisesa anu menta bantuan ka Portugis pikeun ngalawan pangaruh UJ anu beuki mahabu di tatar sunda. Pan nepi ka danget ayeuna US tetep inferior sedengkeung UJ tetep leuwih Superior. TS kudu narima kanyataan yen ayeuna Banten kaler jeung Cirebon henteu ngabogaan �Sense of belonging� anu bisa diandelkeun pikeun jadi batur dina enggoning ngaronjatkeun kahirupan urang  da kusabab urang geus eleh. Sakali deui urang geus eleh. maranehna leuwih nyanghareupkeun beungeutna ka beulah wetan sok sanajan sakapeung ka beulah kulon (atawa kidul) tapi terus ngabalieur deui kabeulah wetan.

 

Inget baraya urang geus eleh kajayaan teh ngan dijero impianna urang Sunda wungkul

 

Wassalam

Nana


Yahoo! Messenger
Show us what our next emoticon should look like. Join the fun.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke