Baraya, Kuring rek neruskeun ngawangkong garapan Poesaka Soenda (PS) tea, nu kamari didongengkeun. Rencana ka hareupna, salah sahiji udagan teh, ngadokumentasikeun PS jadi wujud eBook, nu genah dibaca boh make PC atawa PDA. Ieu garapan teh aya ajen sajarah jeung akademis, nyaeta bisa oge dipake pikeun panoongan balarea, boh keur panalungtikan oge pikeun nambah luang.
Pikeun ngahontal ieu udagan, jigana kudu dirempug ku balarea. Tibatan rempugan gelut jiga budak sakola di Jakarta, urang mah mending ngarempug PS nya. Hehehe. Kunaon perlu dirempug? Sabab ieu naskah teh kawilang gede, terbit tilu bulan sakali ti tahun 1922-1927, aya lengkep. Ku kituna perlu rempug jukung balarea. Ngarah ginding ieu tim rek dingaranan Poesaka Soenda "Dream Team". Keur saheulaanan, ieu pasukan nu geus sadia: Panyadia Bahan: Ganjar Kurnia, [EMAIL PROTECTED], Paris, Perancis Juru Scan: Rudi, [EMAIL PROTECTED], Abu Dhabi, Uni Emirat Arab Juru Duum: Ki Hasan, [EMAIL PROTECTED], Mantin, Malaya Rengrengan Transkripsi: 1. Zamhur PAKUSARAKAN, [EMAIL PROTECTED], Jakarta, Indonesia 2. Iyan, [EMAIL PROTECTED], Batam, Indonesia 3. Panzi, [EMAIL PROTECTED], Batam, Indonesia Eta tim teh tangtu masih kurang. Ku kituna, ka baraya sanesna, mangga diantos kasayogianana. Numutkeun panoongan, baraya Sunda di jagat maya teh aya ratusna, boh nu di UrangSunda, KiSunda, GankLeboy, BarayaSunda, oge US-di-US. Jigana upama seueur nu ngarojong, ieu garapan teh lain gawe nu pamohalan. Salam, MH ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

