Ari perkawis urang Kuningan bade mengpek cai ka Cirebon mah nu 
terang urang Kuningan nyalira, ngan tantosna oge jadi pertanyaan 
kunaon bet jadi kitu, padahal PAM Cirebon ti jaman walanda oge caina 
nya ti Kuningan. Salian tina faktor ekonomi, naha aya faktor sanes? 
jigana kedah dipaluruh oge sikep urang kuningan ka urang Cirebon oge 
sabalikna, sacara sosio-kultur. Kadang-kadang tindakan pamarentah 
sok mopohokeun hal nu kieu. Salami pamarentah kuat (satengah 
represif) masyarakat jiga nurut, tapi upami aya kabebasan, biasana 
hal-hal anu heubeul nu tadina kapendem, jadi kalaluar deui.

Kasus sapertos urang Cirebon sareng Banten nu hayang "beda" 
sareng "Bandung", saleresna tadina tinu hal-hal nu dianggap sepele 
jeung "geus aya tidituna" tapi henteu diperhatoskeun ku "pusat". 
Sikep asa "dianak-terekeun" ku pusat (di Jawa barat mah pusat teh 
direpresentasikeun ku Bandung) mucunghul deui. Sikep asa dianak-
terekeun ieu, paling karaos tangtosna oge kunu didaramel di Pemda nu 
dijaman samemeh reformasi diatur ku provinsi. Matak ceuk kuring mah 
teu aneh lamun padamel Pemda gaduh sikep jiga Abidin Aslich, komo 
anjeunna mah padamel Dinas Kabudayaan, anu mungkin wae gaduh 
kareueus kana budaya asal anjeunna, nu kurang diperhatoskeun ku 
pusat (matak ku kuring disebut "frustasi"). Jadi kuring bisa ngarti 
kunaon Abidin Aslich boga pamandegan kieu jeung teu bisa nyalahkeun 
da memang ieu teh akibat sistem anu sentralistik tea, kudu sagala ti 
pusat. Ngan kuring manghanjalkeun sakali deui, pamandegan manehna 
dicampur-adukeun jeung sajarah, saolah-olah Cirebon teh boga sajarah 
anu henteu pakuat-kait jeung sajarah urang Sunda (ceuk kuring mah 
arogan, sabab manehna miceun sawareh fakta anu aya, bakating ku 
embung disebut aya pakuat-kaitna jeung sajarah Sunda), manehna ukur 
nyaritakeun cirebon ti mimiti abad ka 15, henteu disebutkeun Cirebon 
teh tadina palabuhan nagara pajajaran. Aya catetan perjalanan urang 
Protugis anu nulis ieu.  

Tah kitu panginten Kang Dur. Tapi ari keur kuring mah, mangga teh 
teuing upami Abidin Aslich alim disebat urang Sunda mah ........

Baktos,
WALUYA




--- In [email protected], "durahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sayah, urang cirebon, moal rek pipiluen, ah. Rek ningali wa jelma-
jelma keur
> 'parebut bebeneran'. Mangga dilajeungkeun. Ieu jigana diskusi 
cirebon-sunda
> jilid dua di milist ieu. Nuduh tatanga kuring Abidin Alsich jalma 
prustasi
> (meski ditambah embel2 meureun)?? Ah, keun wae. Tiap jelma boga 
hak pikeun






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke