Di handap ieu tulisan nu ngomentaran tulisan nu ti heula tea, ngeunaan basa Sunda nu geus loba diapilainkeun ku urang Sunda sorangan... Nyanggakeun!
isk ------------------------------ "Basa Sunda Urang Sunda" SIM kuring urang Sunda pituin, asa ngarenjag maca tulisan Kang Bambang Hermanto dina "Surat Pembaca", Minggu 13 Maret 2005, anu judulna "Negakkeun Basa Sunda di Jawa Barat". Ngarenjag pedah tulisanana asa keuna mamaras na pisan. Naha Kang Bambang anu "urang wetan", urang Mataram" boga kasadaran tinggi, peduli jeung ngarasa prihatin ku kaayan urang Sunda kiwari dina ngamumule basa Sunda, naha ari Ki Sunda na cicing wae? Maca tulisan basa Sunda Kang Bambang anu urang "wetan" teh basa Sundana leuwih nyunda tibatan urang Sunda rata-rata. Jadi pertanyaan kunaon atuh urang Sunda teh leuwih resep nyarios basa Malayu tibatan basa Sunda? Tina pangamatan sim kuring pribadi anu tos "kaluar" heula ti Tatar Sunda, sim kuring sakota ti SD, SMP, dugi ka SMA di Sumatra, kuliahna di Bandung, tiasa ninggali kalawan objektif ti kaca mata pihak luar kunaon urang Sunda teh poho kana basa jeung budayana sorangan. 1. Urang Sunda ngarasa "minder" (rendah diri) lamun nyarios basa Sunda, dianggapna lamun nganggo basa Malayu leuwih bergengsi, leuwih intelek. 2. Di lingkungan keluarga sadidinten, indung bapana sok ngahajakeun make basa Malayu ka putra-putrana ti ngawitan diajar nyarios. 3. Ki Sunda kurang sadar, kurang eling, kurang peduli, kumaha lamun sababaraha puluh tahun kahareup basa Sunda teh "sirna" di Tatar Sunda? "Emang gue pikirin"? ceuk barudak ABG ayeuna mah. Kukituna sim kuring boga usul keur urang Sunda di Tatar Sunda: 1. Gubernur, bupati/wali kota anu daerahna nganggo basa Sunda ngayakeun gerakan berbahasa Sunda, kujalan mencanangkan penggunaan bahasa Sunda di lingkungan kulawarga. Terus ditindaklanjuti ku program jeung kegiatan di masyarakat sacara nyata. 2. Para inohong, para guru, para pejabat, ngayakeun penelitian kunaon urang Sunda boga sipat "minder" make basa sorangan, jeung nyieun cara praktis upaya "ngelingkeun urang Sunda" supaya jadi urang Sunda anu "percaya diri" make basa sorangan. 3. Ki Sunda! Cing atuh geura areling! hayu urang bangkit, urang ngayakeun gerakan serentak, dingawitan ku paguyuban media massa, organisasi pamuda, kelompok masyarakat, jst. ti ngawitan tingkat gubernur, bupati/wali kota, camat, lurah, kelompok masyarakat, dugi ka di lingkungan kulawarga sadidinten. Mung sakitu wae, hapunten kana basa Sunda kuring anu "heuras cokor heuras genggerong" eleh ku basa Sunda Kang Bambang Hermanto anu ti Wetan. Hatur nuhun pisan ka Kang Bambang anu tos ngageuing Ki Sunda. Rochadi Danuwikarsa Jln. Bangkirai Blok G No. 2 Kompleks Budi Agung Bogor ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

