Haturan Kang Oman,
sim kuring mah sanes bade ngabantos Gmail da teu ngartos, tapi bade tumaros perkawis yayasan eta "Yayasan SAWALABUMI" (sawala = badanten, diskusi; Bumi = taneh, lemah, imah, dunya, geo, anu mana?) ngawengku dugi kamana? umum atanapi khusus geologi wungkul? raraosan mah pihatoseunana teh "ngokolakeun taneh/lemah dugi ka jero-jerona (eusi-eusina) tea, eta mah kalebet salah sawios tina anu 9 (salapan) tea, Kang!?  angka 9 (salapan) nyoko kana salapan wawakil tea.
 
Wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, April 06, 2005 3:33 PM
Subject: [Urang Sunda] Nyuhunkeun bantosan undangan ka Gmail

Baraya,
 
Nembe teh kadongkapan ku dulur-dulur ti yayasan Sawalabumi, kaleresan sim kuring ngiringan dina kapangurusan eta yayasan teh. Pikeun kaperyogian komunikasi yayasan via e-mail, si kuring diperedih sangkan midamel alamat e-mail sawalabumi. Aya paniatan midamel eta alamat e-mail teh ngalangkungan gmail. Ku kituna, ka sugri sadaya, saha bae, anu masih gaduh uleman account di gmail, disuhunkeun ridona mugi kersa ngulem ka alamat e-mail si kuring ieu kanggo ngadamel e-mail address Yayasan Sawalabumi.
 
Hatur nuhun sateuacana.
 
baktosna,
manAR


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke