Eta oge anu jadi pikiran kuring baheula teh.  Waktu keur sakola di jl.
ganesha lolobana teh urang jawa.  Bandung teh geuning ngan katempatan
wungkul.  Maranehna teh agul pisan kana budayana.  Baeu lamun saukur agul
keur dirina sorangan mah.  Ari ieu sok rada ngajeujeulah suku lain.  Komo
kasunda mah teuing ngewa kunaon.

Kuring sok mikir, naon anu kudu diagulkeun dina kasukuan urang (nu parahmah
bari moyok suku batur).  Pan urang teh teu bisa milih bijil diindung saha?
sukuna naon.  euweh pisan anu bisa nudiagulkeun hal-hal anu urang oge teu
bisa milih nanaon.  Ari urang reues jeung bangga mah eta hal anu beda.  Da
kitu keudahna.  Eta oge anu di contoan ku Rasul.  Manehna bagja lahir jadi
urang Quraisy, lamun aya kasalahan ya dibenerkeun.

Eta oge anu kuring mikir ayeuna.  Urang cirebon lamun hayang disebut suku
cirebon kajeun bae.  Ari kuring pribadimah ka urang cirebon teh ngaku,
ngarasa sasuku yaeta urang sunda.

nuhun,
Dani Ibrahim
Anu teu jadi ngadahup kaurang cirebon malah ka urang cianjur.



                                                                                
                           
                      "Asep Salmon"                                             
                           
                      <[EMAIL PROTECTED]        To:       
<[email protected]>                      
                      o.id>                    cc:                              
                           
                                               Subject:  Re: [Urang Sunda] 
Urang Cirebon Parotes           
                      06/04/2005 15:55                                          
                           
                      Please respond to                                         
                           
                      urangsunda                                                
                           
                                                                                
                           
                                                                                
                           






Punen ah ngiring mairan..................
Ari rarasaan kuring mah; ngarana bisa ganti, kawarga nagaraan bisa ganti,
agama bisa ganti, kulit bisa ganti (jiga michael jackson), malahan beungeut
ge bisa ganti ku jalan operasi plastik. Cindekna mah ampir sagala identitas
nu aya diurang bisa diganti, kecuali hiji nyaeta Suku Bangsa. Lantaran ceuk
beja ari kasukuan mah pakaitna jeung gerentes hate atawa hate leutik anu
pasipatanana jujur. Contona Nabi Muhammad saw, sangkilang jaman harita suku
quraisy teh loba pisan kagorenganana kaasup tapi Nabi tetep ngaku suku
quraisy. Loba urang jawa nu ngewa ka Pak Harto tapi taya nu bisa mecat
anjeuna tina kajawaanana, loba urang sunda nu sebel ka ali sadikin lantaran
ngagugulukeun judi tapi taya nu bisa mecat anjeuna tina kasundaanana.
Kukituna kuring mah kacida ngahargaanana mun aya urang cirebon atawa urang
medan atawa urang makasar atawa urang mana wae oge, nu ngaku yen ajeuna
urang sunda, sabab kuring yakin yen nu kaluar tina gerentes hate anjeuna
teh
rasa urang sunda jeung kasundaan.


Baktos,
AS
















------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke