Muhun numutkeun buku Babad Cirebon-Babad tanah sunda kitu caritana. Buku ieuteh teu kandel teuing. Pangaosna oge asateh mung saukur 10.000 (bandingkeun jeung buku novel The Davinci Code anu 74.500). Tapina buku itu teu aya di toko buku. Ayana di kompleks makam sundan gunung jati, cirebon. Nu dagangnateh siga pedagang asongan kitu. Aya oge nu muka lapak.
Wasalam, durachman ----- Original Message ----- From: "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, April 06, 2005 4:11 AM Subject: Re: [Urang Sunda] "Cirebon" di lembur kuring > > > Ngarewong ah Kang Firman hehe ... > > Upami teu lepat aya buku ipis judulna "Babad Tanah Cerbon". Dina ieu > buku dicarioskeun yen Sunan Gunung Djati (SGD) kantos ka Nagri Cina > diondang ku Kaisar Cina tea. Deuk diuji cenah pedah SGD > kawentar "bijak bestari". > > Ujiana kieu: salahsahiji putri Kaisar dipiwarang munikeun baskom > tambaga handapeun raksukan palebah patuanganana. Teras SGD ditaros ku > Kaisar: "Cikan, anak kula bener teu keur midua (hamil)?" Waleran > SGD: " Enya, bener keur midua inyana teh". Eta Kaisar ngagakgak bari > jeung satengah ngaledek nitah SGD balik ka Cerbon. > > Pondok carita, sabada SGD mulang. Si putri teh sasadu ka Bapana yen > baskom teh leungit tur beuteungna jadi ngagedean (duka hamil henteuna > mah). Atuh Kaisar teh garo-garo teu ateul. Tuluy nitah eta putri > nyusul SGD ka Cerbon. > > Pondok carita deui, der we duanana nikah. Tah ti pernikahan eta, > lahir Pangeran Aria Kamuning (pedah kulitna koneng ngala ka Indungna) > nu dianjrekeun ku Bapana di daerah Luragung (Kuningan Wetan). > Katurunana Pangeran ieu nu jadi urang Kuningan. Jadi Urang Kuningan - > Cirebon teh dulur keneh. > > Duka mitos duka leres ieu teh ... > Sok ah mangga lereskeun Kang Dur, Kang Didi, urang Kuningan-Cirebon ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

