terus.. janten kumaha tah jeng nu nyebat cirebon sanes sunda ari kitu mah... sunda keneh mung sanes parahiangan kitu?
On Apr 6, 2005 2:43 PM, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Lembur kuring kaliwatan jalan Cirebon-Bandung, jauhna ti Cirebon teh > kurang leuwih 70 km. Jadi ari urang lembur kuring mah "cirebon" teh > sarua deukeutna jeung ka Bandung. Ceuk dongeng pun Aki, jaman > baheula lamun anu arek balanja teh lain ka Bandung, tapi ka Cirebon > anu memang leuwih rame tibatan Bandung. Kitu deui anu munggah haji, > angkatna teh ti Cirebon. Lanceuk uyut istri (uana pun Aki), carogena > teh urang Cirebon. Anjeunna teh dalang wayang menak. Benten sareng > wayang Golek nu ngalalakonkeun Mahabarata/ Ramayana, Wayang menak > mah lalakonna teh tina wawacan, jiga wawacan Amir Hamzah. Ari basa > nu dianggo mah basa Sunda wayangna oge sami tina kai (golek) ngan > wayangna dibarendo. Wayang menak sigana parantos punah, da kuring > oge ukur ceuk beja. > > Urang Sumedang oge lamun bulan Mulud, osok ka Cirebon lalajo acara > di Karaton Cirebon. Baheula mah cenah sok laleumpang tepi ka > Kadipaten. Ti kadipaten disambung ku sepur(?) tepi ka Cirebon. Waktu > kuring keur budak, ari bulan mulud teh jalan ka Cirebon sok rame > pisan, cenah eta teh jalmi-jalmi anu bade nonton acara muludan di > Cirebon. Tapi kadang-kadang aya oge anu nyebutkeun, eta jelema nu > rame ka cirebon teh arek "neukteuk buntut" kulantaran munjung ka > monyet, jadi buntutan, nu kudu diteukteuk unggal taun di bulan > Mulud. Lamun henteu beuki manjangan, jadi engkena kapanggih ku > tatangga yen manehna munjung! > > Bulan Mulud oge, bulan pikasieuneun di lembur kuring mah, loba > pantangan. Teu meunang moro oge teu meunang balangtuar kakaian. > Cenah mah aya hubunganana jeung ngalaliwatna maung kajajaden balad- > balad prabu Siliwangi ti leuweung sancang anu arek nuju Cirebon > ngaramekeun acara muludan di Karaton Cirebon. Keur budak sok > disingsieunan, lamun papanggih jeung nini-nini jangkung, tapi teu > wawuh, terus teu ayaan "lengkung" antara irung jeung biwir luhur > (naon nya eta teh aranna) jeung lamun dibere barangdahar, langsung > ku sungut, eta teh nini-nini maung kajajaden anu keur ngalangkung > bade ka Cirebon. Atuh unggal panggih jeung nini-nini ditelek-telek > heula, sanajan wawuh oge, da bisi .......baladna Parbu Siliwangi. > > Di lembur kuring oge aya Mang Rasmani, cenah mah asalna urang > Cirebon boga pamajikan batur salembur. Pas manehna nyunatan anakna > manehna nanggap wayang kulit oge barongsay, sadayana oge ti Cirebon. > Wayang kulitna make basa Sunda. Ngan anu kuring teu pati ngarti, > ayeuna sanggeus nyaho barongsay teh kasenian Cina, kunaon Mang > Rasmani nanggap barongsay sagala? atawa meureun di Cirebon mah, > barongsay teh geus "diadopsi" jadi kasenian rakyat Cirebon? Manawi > Kang Dur sareng Kang Didi terang? > > Baktos, > WALUYA > (Keur ngawawaas lembur jaman keur budak) > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

