Aya sababarah hal anu kedah jadi perhatosan urang
sadaya dina perkara korupsi ieu.

1. perkara ieu tong ditingali dina hal vokal jeung teu
vokal, atawa US jeung lain US.

2.Dina al Qur'an oge pan aya ayat anu netelakeun, dina
diri manusia teh aya 'hate' anu bisa
'dibulak-balikeun'. Jadi bisa wae ayeuna vokalis, tapi
dina sejen waktu jadi "pecundang". Siga juragan
Marcos, kapaning baheula mah dianggap pahlawan anu
bisa ngabebaskeun nagarana tina "cengkraman" penjajah,
tapi geuning ahirna jadi 'pengkhianat' bangsana.

3. Kaayaan pamarentahan ayeuna memang tos
pikahariwangeun. Ti tingkat ka RT nepi ka tingkat
pamarentahan anu pang luhurna, aya 'peluang-peluang'
pikeun ngalakukeun kalakuan anu "menyimpang". Dalah di
widang pendidikan oge sami wae.

4. Ayeuna mah gumantung ka pribadi masing-masing wae,
jeung kumaha masyarakat nyikepan hal ieu.Nu paling
penting mah kumaha tah, supaya generasi nu bakal
datang, tong nyorang kaayaan siga ayeuna.


baktos,

mrachmatrawyani


--- joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Lamun dina enyana, ieu bener2 ngerakeun pisan, lain
> wae ka US tapi ka sadaya para vokalis. Tepi ka
> ayeuna
> terus terang kuring masih cangcaya, asa piraku kang
> Mul ngalakukeun nu goreng patut kitu. Jadi inget ka
> ketua GOWA, Farid Fakih tea, anu vokal mah lamun teu
> tewak, diteunggeulan. Tapi ari anu biasa geus
> kabejakeun teu paruguh mah araman bae geuning. 
> Lamun sakirana iman urang deet keneh jigana leuwih
> hade cicing tong loba omong, ngarah nu vokal tur
> bersih teu kababawa ruksak.
> 
> Baktos
> Jaka



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke