kesimpulan tina tulisan akang dihandapteh naon? Meureun
kesimpulana ayeunamah akang teh minder kitu jadi urang sunda? akang
malu jadi urang sunda?
Wasalam,
Durachman
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of sora hate
Sent: Tuesday, April 19, 2005 8:09 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Mulyana W Kusumah!Abdi urang sunda, lahir ti rahim urang Sunda, gede di tanah Sunda, aya rasa bangga jadi orang Sunda. Itu dulu...........Tapi saparantos abdi ngumbara ka luar tanah Sunda, sareng gaul sareng sajabi urang Sunda, geunging Sunda teh ..............., ih meuni kitu geuning (teu sadayana, masih aya keneh nu pilihan).Masalah korupsi, ceunah mah Jawa Barat Jeung Bandung mah biangna (waktos survey korupsi Jabar & Bandung teu dicandak sampel, lamun dicandak pasti juara).Abdi sok heran,cobi jalan ka pasisian, teu kedah tebih, 20-30 km ti pusat Bandung masih seueur jalan-jalan nu sapertos tebih ti kota.atanapi ameng ka tempat pariwisata, ih eta para pedagang hampir sadayana resep nekuk, bandingkeun sareng daerah Jawa (Jateng/Jatim).Di Jawa mah jalan-jalan teh meni lalucir sareng lalebar, padahal tebih ti pusat pamarintahan.Cobi eta Jl Kopo ti saemut abdi teu aya perubihan selain tambah macet. Di Bandung mah enya ge tempat lahiran para ahli tata kota, tapi semrawut, pabrik di tengah pemukiman, pasar induk di tengah kota, sigana mah ari konsepna mah aya nu bentuk RUTR tea, tapi sagala tiasa asal sanggem mayar teras izin kaluar.Teras ka Lembang/Parongpong/Dago, sigana Pemda Bandung mikirna nu penting DUIT. Tingkat kapatuhan rakyat sunda ka pamarentahna jauh di bawah urang jawa, meureun ku kitu oge da pamarentahna pada dholim, padahal mah geus haji sok sholat, jeung ih eta Bandung meni balatak ku orang Batak nu teu pararuguh (lain rasialis/SARA), ceuk sayah mah nu kitu teh mawa rusak, tapi urang sunda kalahka pipilueun teu walakaya. Dak ceuk sayah mah silakan saja orang mana saja datang/menetap di Bandung tapi tok ngaruksak.Ceuk sayamah teu samata-mata maranehna bisa ngaruksak lantaran aya urang sunda nu jadi beking. Jeung eta di Bandung nu ceunah mah ibu kota sunda, tapi omongan-omongan sunda teh jarang ka kuping, di kampus atanapi di pusat keramaian, eta deuih ongkoh urang sunda teu sakedik nu ngajarkeun ngomong ka budakna ku selain basa sunda.Punten bilih aya nu matak nyuat kana manah.Wassalam
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

