Naskah Wangsakerta anu mindeng diobrolkeun, taya lian mangrupa naskah
dina wujud buku (kumpulan lambaran2 daluang). Aksarana askara
Cacarakan, basana basa Jawa Kuna. Mun teu salah, kiwari naskah2 eta
ayana di Musium Sri Baduga, Bandung.
Sapalih ti naskah2 nu tos kapendak, tos ditalungtik ku sababaraha
urang ahli sajarah/filolog Sunda.
Ku Pa Ayatrohaedi, eusi naskah Wangsakerta nu tos ditalungtik parantos
dibukukeun dina judul "Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan
Naskah Wangsakerta" (kurang leuwih judulna kitu, poho deui) wedalan
Pustaka Jaya (2005).

Di handap ieu entri Naskah Wangsakerta ti Wikipedia edisi Sunda, nyanggakeun.

isk
--------------------

Naskah Wangsakerta nujul ka sakumpulan naskah nu disusun ku Pang�ran
Wangsakerta pribadi atawa nu disusun ku "Panitia Wangsakerta". Dumasar
eusi Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara parwa (bagian) V sarga
(jilid/naskah) 5 nu mangrupa daptar pustaka, sahanteuna pabukon
Karaton Cirebon ngol�ksi 1703 judul naskah, 1213 di antarana mangrupa
karya Pang�ran Wangsakerta saparakanca.

Panitia Wangsakerta

Dina pamuka unggal naskah karya Wangsakerta salawasna di�mbarkeun
ngeunaan pros�s dijieunna naskah-naskah �ta. Panitia--nu dipingpin ku
Pang�ran--Wangsakerta ieu dimaksudkeun pikeun nyumponan amanat ramana,
Panembahan Girilaya, sangkan nyusun kisah karajaan-karajaan Nusantara.
Panitia ngadeg pikeun ngayakeun gotrasawala antara para ahli (sajarah)
ti sakuliah Nusantara, nu hasilna disusun jeung ditulis jadi
naskah-naskah nu kiwari katelah Naskah Wangsakerta t�a. Gotrasawala
ieu lumangsung taun 1599 Saka (1677 M), sedengkeun panyusunan
naskah-naskahna m�akeun waktu nepi ka 21 taun (r�ngs� 1620 Saka, 1698
M).

Karya Panitia Wangsakerta

Naskah-naskah nu dihasilkeun ku Panitia Wangsakerta bisa digolongkeun
kana sababaraha judul:

    * Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara
    * Pustaka Pararatwan
    * Pustaka Carita Parahyangan i Bhumi Jawa Kulwan
    * Pustaka Nagarakretabhumi
    * Pustaka Samastabhuwana
    * Salinan kitab-kitab hukum Majapahit
    * Kumpulan carita, katha, jeung itihasa
    * Pustaka ngeunaan raja d�sa jeung raja alit
    * Salinan rupa-rupa naskah Jawa Kuna
    * Mahabharata
    * Kumpulan kathosana
    * Salinan prasasti
    * Salinan surat-surat perjangjian sabalad
    * Naskah ngeunaan carita para padagang
    * Naskah dina rupa-rupa basa s�j�n jeung deungeun
    * Kumpulan widyapustaka (an�ka �lmu)
    * Pustaka kaislaman
    * Sarwakrama raja-raja Salakanagara
    * Sarwakrama raja-raja Tarumanagara
    * Sarwakrama raja-raja Galuh jeung Pajajaran
    * Sarwakrama raja-raja Galuh
    * Sarwakrama raja-raja Jawa Tengah jeung W�tan
    * Raja-raja jeung pangagung Majapahit
    * Raja-raja jeung pangagung Bali
    * Raja-raja jeung pangagung Janggala jeung Kadiri
    * Raja-raja jeung pangagung Sriwijaya
    * Raja-raja wewengkon Bali, Kadiri, jeung Janggala
    * Salinan naskah-naskah karya Prapanca

Kontrov�rsi

Kapanggihna naskah Wangsakerta dina taun 1970-an, lian ti nimbulkeun
rasa bungah jeung h�lok nu kacida alatan kalengkepanana, pikeun
sawatara pihak nimbulkeun rasa mangmang, malah sababaraha ahli nyangka
y�n ieu naskah t�h aspal (asli tapi palsu). Di antara alesan-alesan nu
ngaragukeun ieu naskah, nya�ta:

    * historis teuing, teu galib jeung umumna eusi naskah nu sajaman
(babad, kidung, tambo, hikayat);
    * akurna eusi naskah jeung karya-karya sarjana Kulon (J.G. de
Casparis, N.J. Krom, Eugene Dubois, jsb.), sahingga aya sangkaan y�n
ieu naskah dijieun ngarujuk ka karya sarjana-sarjana tadi (lain
dijieun abad ka-17);
    * kaayaan fisik naskah (kertas/daluang, mangsi, wangun aksara) can
katalungtik.

Rujukan

    * Ayatrohaedi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan
naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta.
ISBN 979-419-330-5
    * Ekajati, Edi S. 2005. Polemik Naskah Pangeran Wangsakerta.
Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-329-1


Retrieved from "http://su.wikipedia.org/wiki/Naskah_Wangsakerta";

Kategori: Sajarah | Naskah Nusantara | Sajarah Nusantara

On 4/13/05, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  
> Ti keur itu kuring sering ngadangu kecap 'Naskah Pangeran Wangsakerta'.
> Kuring oge tos terang eusi eta naskah ti emailna baraya sadaya. Patarosan
> sim kuring naon bentuk naskah eta? Naha bentukna berupa buku nu dijualan di
> toko-toko buku? Atawa masih mangrupa manuscript anu disimpen di
> perpustakaan-perpustakaan? Nuhunkeun tulung penjelasanana.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke