Assalamu'alaikum...Wilujeng sonten ka sadayana, Nepangkeun deui nami abdi Lingkar, asal ti Kuningan asli, ayeuna nganjrek di bekasi kidul sareng pun bojo, ari kuli mah di jakarta didugdag we macet-macet ge da butuh tea :-) ... Punten ieu abdi tumorojog tanpa rarapan, rehna dina pesenan kaos saderek Duli Dimyati teh aya gambar kujang senjata kabanggaan urang sunda/parahyangan/pajajaran sanes kitu? Pami teu kaabotan manawi di antara para wargi sadaya aya nu terang inpormasi di mana kinten-kintenna tiasa meser eta kujang khususna di sabudeureun Jakarta? Tujuanna mah sanes kangge gagah-gagahan nanging kangge hiasan di bumi bade dibingkei, mih kaciren urang sunda... Mun urang aceh bangga ku rencong-na, urang jawa ku keris-na urang dayak ku mandau-na, atuh urang sunda ge teu eleh geleng da gaduh kujang nya? (Tapi da sanes kangge babanggaan ieu mah komo deui ujub.. ampun paralun teuing.. pedah resep jeung reueus we kana ciciren sunda).. Jaman kiwari masih aya keneh nu ngadamel kitu? asa jarang ningali atanapi simkuring kirang gaul meureunan... Hapunten bilih aya nu kirang merenah atanapi lepat.. Hatur nuhun..
Wassalam LN R. Duli Dimyati D. wrote: > Wilujeng tepang Kang Andi Chinoock, abdi Duli Dodet > > Tiasa teu mesen kaos nganggo gambar dina attachment abdi > > Eta gambarna bade di tambihan deui nganggo tulisan naon bae - mangga > terserah > > > > > > > > > > -----Original Message----- > *From:* andi adiwiarta [mailto:[EMAIL PROTECTED] > *Sent**:* 14 April 2005 1:03 > *To:* [email protected] > *Subject:* [Urang Sunda] kaos > > > > kapihatur ka sadayana, > > bade seja ngawartosan, kumargi rupina mah a jamal rada seueur > nga'humas'an, nya ti ngawitan ayeuna mah, perkawis pa'kaos'an teras we > ka sim kuring. bilih aya anu bade mesen, atanapi gaduh gambar hoyong > pangadamelkeun sumangga diantos pisan. > > data standar: kaos pesen dugi ka di kintunkeun teh peryogi waktos 6 > dinten, ti pandu siwi atanapi tiki, pos oge ketang, peryogi tilu > dintenan kangge dugi ka alamat di sakuliah nusantara. kecuali upami > aya hal-hal ekstim, gempa misalna, atuh sunami panginten. > > pangaos standar terakhir 28 rebu pondok, 30 rebu panjang. ongkos kirim > naek turun di angka 12 rebu sakilo ka kota-kota ageung mah, upami > ngintun hiji kaos, 300 gram tetep dietang sakilo. > > sayogina mah bade dijentrekeun artos lebet artos kaluar perkawis kaos > teh, nya tetep ngintun na mah ka rekening kusnet maenya ka rekening > tatanggi mah hehe > > haturnuhun ah, mugia janten uninga, sareng teu kenging asa-asa pami > bade mesen kaos teh, sakodi-sakodi kitu (euleuh), lumayan janten > pujaan tatanggi (nuju hoyong ngabahas tatanggi ;p) babagi we pangintennya. > > baktos ka sadayana. > > andiw > > ttk:081321283550 > > > > ------------------------------------------------------------------------ > > Do you Yahoo!? > Make Yahoo! your home page > <http://us.rd.yahoo.com/my/navbar/sethp/*http:/www.yahoo.com/r/hs> > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > ------------------------------------------------------------------------ > *Yahoo! Groups Links* > > * To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > > * To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > > * Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of > Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. > > > > ------------------------------------------------------------------------ > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

