File PDF mangrupakeun file portabel sabab bisa dibaca dina sagala rupa mesin. Salian ti eta, file PDF jeung PS sacara de facto ngarupakeun format standar nu ilahar dipake pikeun naskah saintifik.
Pikeun nyieun file PDF bisa migunakeun software nu freeware, shareware, kitu deui nu komersial. Ieu tips ngan rek nyaritakeun migunakeun softawre freeware jeung shareware, sabab "murah meriah" oge tumaninah. "PDF Creator" mangruapakeun freeware pikeun nyoeun file PDF. Ieu software bisa didownload di: http://sourceforge.net/projects/pdfcreator Software lain nu bisa dipake pikeun nyieun file PDF, bisa migunakeun PDF995. Softwarena bisa di download di: http://www.pdf995.com/ PDF995 mangrupakeun kumpulan pakakas nu bisa dipake pikeun ngaropea file PDF leuwih lengkep. Lain sakadar nyieun file PDF, tapi bisa pikeun editing, misalna neukteukan file nu gede, ngagabungkeun file nu laleutik, ngawatesan akses file, proteksi file, jeung sajabana. Pikeun ieu maksud kudu didownload sababaraha program, diantarana: PDF995, PDFEdit995, jeung Signature995. Prinsip gawena nu perlu diinget, file PDF teh mangrupakeun format ahir pikeun publikasi. Jadi teu aya software nu bisa dipake ngedit file PDF jiga Words jeung sabangsana. Kaduana, software PDF mangrupakeun driver printer. Ku kituna pikeun nyieun file PDF bisa dipake editor naon wae. Proses nyieun PDF dipigawe kucara konversi format editor ka format PDF. Biasana bisa dilakukeun ku dua cara. Kahiji ngaliwatan fasilitas "File Save As", terus jenis file pilih format PDF. Kaduana ngaliwatan fasilitas "Print", terus pilih driver PDF, misalna PDFCreator atawa PDF995. Mudah-mudahan aya mangpaatna. Salam, MH ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Small Business - Try our new resources site! http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

