Haturan Ua Sas, lami teu tepang.

Jigana jurusna kedah dileukeunan Ua, ti waktu ka
waktu. Kudu silih ingetan, dimana kasampak aya kecap
salah tulis, kitu deui salah ketik, ti saha wae,
wayahna baraya sanesna kedah kersa ngoreksi. Ngan
syaratna, urang sarerea kudu boga hate jembar, "open
mind" cenah ceuk si bule mah. Dimana-mana aya nu
ngoreksi ulah sok pundungan, ulah boga prasangka yen
nu ngoreksi teh boga pangrasa "asa pangheueuhna", "asa
aing uyah kidul", jeung sajabana. Ku jalan kitu,
mudah-mudahan kamaheran nulis basa Sunda urang bisa
ningkat ti waktu ka waktu. Ayeuna sugan leuwih hade ti
kamari, isukan sugan bisa leuwih hade ti ayeuna.
Wallahu'alam.

Salam,
MH

--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya sadayana kumaha damang..?
> Geus rada lila teu masamoan, lain poho atawa lur
> jeun,�.tapi nyaeta keur
> meujeuhna pakepuk ku cicing tea..!, ari noongan mah,
> rarasaan,  tara
> kaliwat.
> Beuki reueus puguh ge, kahiji anggota Kusnet teh
> geus ngaliwatan sarebu
> malah geus nepi ka 1300an ( naha pedah wanda anyar
> ti yahoo-na kitu, antara
> nu buncir jeung nu normal dihijikeun..), kaduana
> eusi padungdengan beuki
> euyeub, atuh anggota anyar ge meredel meh unggal
> poe.
> Ngan aya nu matak rada getek teh nyaeta nulis eu
> jeung e (pepet), beuki dieu
> beuki loba anu salah ngalarapkeun, padahal lamun
> urang leukeun maca basa
> Sunda boh anu wujud buku atawa anu aya dina
> Internet, samodel situs
> Urang-Sunda, situs Kang MH, Galura, Mangle,
> Cupumanik�.tangtu urang bakal
> bisa ngabedakeun.
> 
> Keur conto, kecap �lebet� ( hartina asup) sok loba
> anu nulis �leubeut�,
> padahal hartina leubeut teh loba buahna, meuhpeuy.
> Naha nya bet jadi loba nu
> saralah ..?
> Aya deui kecap �leres� nu hartina bener�naha sok
> ditulis leureus�.leureus
> teh naon hartina da kuring neangan dina KUBS ge teu
> manggih kecap siga kitu
> (lain kuring teu ngarti kana maksud nu nulis
> leureus,�.da pasti maksudna mah
> leres tea), kuring ngelingan ieu teh kapan urang
> sarerea ge keur diajar basa
> Sunda.
> Prak nulis basa Sunda didieu (di Kusnet), salah ge
> kaci, ngan lamun aya nu
> menerkeun ulah pundung�!!
> 
> Aeh�aya deui nu rek ditepikeun ku kuring teh,�.insya
> alloh ti mimiti tanggal
> 1 Juni 2005 kuring rek MPP (masa persiapan pensiun)
> hartina kuring moal
> aktip deui digawe tapi rek jadi tukang moto (tukang
> moe tonggong,�tukang
> moyan), tangtu muka internet/ email ge bakal
> ngurangan da ari kudu ti imah
> mah mahal, atuh meureun tugas ka-kuncen-an kuring ge
> moal sabaraha aktip,
> kukituna bisi kuncen nu aya ayeuna kawalahan
> kulantaran nilik anggota anu
> geus leuwih ti sarebu, aya alusna ngabenum kuncen
> anyar.
> 
> MSasmita
> Kuncen # 2


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke