Kang Syam damang..?, kumaha Kang Iwan Galura masih di Jkt..?

Heunteu…? Sigana mah ayana dina “keom sakedap” nu nyebat henteu nuju nyeri huntu…!

Kang Syam…perkara kecap dina basa Sunda, sim kuring teu bisa nyebutkeun nu ieu bener nu itu salah, sabab bisa jadi di wewengkon A aya kecap nu dimaksud sedengkeun di wewengkon sejen teu aya atawa beda hartina.

Ngan keur saheulaanan cecekelan sim kuring nyaeta buku KUBS (Kamus Umum Basa Sunda) terbitan LBSS, tapi lain hartina lamun euweuh dina eta kamus terus teu dianggap basa Sunda (ceuk beja ieu kamus ge Bandung centris teuing).

 

Henteu atanapi hanteu

Mani, hartina 1. wani atawa nepi ka  2. cai pejuh atawa sperma.

Meni (e saperti dina kecap kenca) sabangsaning cet anu kelirna beureum.

Bawiraos sok aya ge nu nyebut bawirasa hartina nurutkeun rasa atawa pikiran/pamanggih kuring.

 

Msas

Numawi hoyong robah ulah nyangigir bae cangkeul

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of syam ridwan
Sent: Friday, April 15, 2005 9:31 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] eu, e jeung kuncen

 

Sok seueur nu nyerat HEUNTEU

mana nu leres heunteu atanapi Henteu?

 

Aya oge kecap Meuni, Meni, Mani

diantara kecap nu tilu, mana nu leres ?

 

Sakantenan naros, sok aya kecap

bawiraos hartosna naon ?

 

Nu tiasa ngajelaskeun dihaturanan

 

Baktos

SR ( ari sono ka si ua teh sok melong situs cupumanik

da aya gambar siua-an tapi geuning angger we eta teu

robah-robah )

 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke