Mangga Ua ke urang damel statistikna. Kaleresan sasih
ieu teh akses Internet rada ngadat. Janten kedah
nyubuh. Hehehe.

Salam,
MH

--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang MH sareng Kang Rachmat R., alhamdulillah sim
> kuring dina mangsa kiwari
> mah nuju walagri.
> Leres kitu..kedah mayeng silih elingan.
> Perkawis rumah baca buku Sunda, alhamdulillah bukuna
> mah beuki nambihan,
> keun ari nu ngadeugdeug masih kirang mah, da aya we
> boh saurang dua urang nu
> ngalanto ngadon maca.
> Dinten kamari aya nu nelepon katingalna mah barudak
> ti Unpas saurna bade
> ngahaja ngadeugdeug ka rorompok sim kuring dina
> dinten Saptu enjing, bade
> ngadon maca., aya perhatosan siga kitu kanggo sim
> kuring mah kalintang
> bingahna komo upami nu jol teh barudak ngora,
> sahenteuna bakal silih simbeuh
> informasi ti anu ngora ka anu kolot sareng
> sabalikna.
> Kang MH cik nyuhunkeun data  nu ngalongokan ka Situs
> Kang MH, sabaraha jalmi
> dina sasasihna sareng urang mana.
> Kang Rachmat R, ngabenum hartosna nga-jeneng-keun,
> sim kuring emut kana
> kecap "dibenum"  dimangsa jaman kolonial sok maca
> dina buku basa Sunda anu
> hartina diangkat jadi pagawe pamarentahan.
> 
> MSasmita
> 
> 
> From: [email protected]
> [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Behalf Of mh
> Sent: Friday, April 15, 2005 7:59 AM
> To: [email protected]; kisunda
> Subject: [Urang Sunda] Re: eu, e jeung kuncen
> 
> Haturan Ua Sas, lami teu tepang.
> 
> Jigana jurusna kedah dileukeunan Ua, ti waktu ka
> waktu. Kudu silih ingetan, dimana kasampak aya kecap
> salah tulis, kitu deui salah ketik, ti saha wae,
> wayahna baraya sanesna kedah kersa ngoreksi. Ngan
> syaratna, urang sarerea kudu boga hate jembar, "open
> mind" cenah ceuk si bule mah. Dimana-mana aya nu
> ngoreksi ulah sok pundungan, ulah boga prasangka yen
> nu ngoreksi teh boga pangrasa "asa pangheueuhna",
> "asa
> aing uyah kidul", jeung sajabana. Ku jalan kitu,
> mudah-mudahan kamaheran nulis basa Sunda urang bisa
> ningkat ti waktu ka waktu. Ayeuna sugan leuwih hade
> ti
> kamari, isukan sugan bisa leuwih hade ti ayeuna.
> Wallahu'alam.
> 
> Salam,
> MH
> 
> 
> -----Original Message-----
> From: [email protected]
> [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Behalf Of MRachmat Rawyani
> Sent: Friday, April 15, 2005 8:15 AM
> To: [email protected]
> Subject: Re: [Urang Sunda] eu, e jeung kuncen
> 
> Haturan Ua Sas, sono lah ka Uwa teh, utamina mah
> hoyong mireng wartos perkawis perkembangan rumah
> baca,
> kumaha tah saprak aya kawijakan program migunakeun
> basa Sunda di wewengkon pamarentahan Jawa Barat.
> 
> Kamari kuring gaduh pangalaman di Samsat Depok,
> petugas anu ngalayanan kuring ningali KTP kalahiran
> Majalengka, mani someah pisan ngajelaskeun perkawis
> ngurus perpanjangan STNK nganggo basa Sunda. Asana
> teh
> nembean tah, kuring dilayanan ku aparat anu
> migunakeun
> basa Sunda.
> 
> Kuring oge gaduh kahoyong, kumaha upami ngawangkong
> di
> milis ieu teh, upami aya kecap anu jarang diangge,
> dipasihan katerangan di lebet kurung. Margi
> Seuseueurna anggota milis ieu teh kamampuan basa
> sundana kenging ti lapangan, sanes diajar ti sakola,
> sapertos kuring.
> 
> Contona, sapertos kieu yeuh ngabenum (=.......?)
> 
> baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 

=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke