Mangga Ua Sas, engke urang tinggal statistikna. Kaleresan akses Internet rada kaganggu, kedah nyubuh. Hehehe.
Salam, MH --- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang MH sareng Kang Rachmat R., alhamdulillah sim > kuring dina mangsa kiwari > mah nuju walagri. > Leres kitu..kedah mayeng silih elingan. > Perkawis rumah baca buku Sunda, alhamdulillah bukuna > mah beuki nambihan, > keun ari nu ngadeugdeug masih kirang mah, da aya we > boh saurang dua urang nu > ngalanto ngadon maca. > Dinten kamari aya nu nelepon katingalna mah barudak > ti Unpas saurna bade > ngahaja ngadeugdeug ka rorompok sim kuring dina > dinten Saptu enjing, bade > ngadon maca., aya perhatosan siga kitu kanggo sim > kuring mah kalintang > bingahna komo upami nu jol teh barudak ngora, > sahenteuna bakal silih simbeuh > informasi ti anu ngora ka anu kolot sareng > sabalikna. > Kang MH cik nyuhunkeun data nu ngalongokan ka Situs > Kang MH, sabaraha jalmi > dina sasasihna sareng urang mana. > Kang Rachmat R, ngabenum hartosna nga-jeneng-keun, > sim kuring emut kana > kecap "dibenum" dimangsa jaman kolonial sok maca > dina buku basa Sunda anu > hartina diangkat jadi pagawe pamarentahan. > > MSasmita > > > From: [email protected] > [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Behalf Of mh > Sent: Friday, April 15, 2005 7:59 AM > To: [email protected]; kisunda > Subject: [Urang Sunda] Re: eu, e jeung kuncen > > Haturan Ua Sas, lami teu tepang. > > Jigana jurusna kedah dileukeunan Ua, ti waktu ka > waktu. Kudu silih ingetan, dimana kasampak aya kecap > salah tulis, kitu deui salah ketik, ti saha wae, > wayahna baraya sanesna kedah kersa ngoreksi. Ngan > syaratna, urang sarerea kudu boga hate jembar, "open > mind" cenah ceuk si bule mah. Dimana-mana aya nu > ngoreksi ulah sok pundungan, ulah boga prasangka yen > nu ngoreksi teh boga pangrasa "asa pangheueuhna", > "asa > aing uyah kidul", jeung sajabana. Ku jalan kitu, > mudah-mudahan kamaheran nulis basa Sunda urang bisa > ningkat ti waktu ka waktu. Ayeuna sugan leuwih hade > ti > kamari, isukan sugan bisa leuwih hade ti ayeuna. > Wallahu'alam. > > Salam, > MH > > > -----Original Message----- > From: [email protected] > [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Behalf Of MRachmat Rawyani > Sent: Friday, April 15, 2005 8:15 AM > To: [email protected] > Subject: Re: [Urang Sunda] eu, e jeung kuncen > > Haturan Ua Sas, sono lah ka Uwa teh, utamina mah > hoyong mireng wartos perkawis perkembangan rumah > baca, > kumaha tah saprak aya kawijakan program migunakeun > basa Sunda di wewengkon pamarentahan Jawa Barat. > > Kamari kuring gaduh pangalaman di Samsat Depok, > petugas anu ngalayanan kuring ningali KTP kalahiran > Majalengka, mani someah pisan ngajelaskeun perkawis > ngurus perpanjangan STNK nganggo basa Sunda. Asana > teh > nembean tah, kuring dilayanan ku aparat anu > migunakeun > basa Sunda. > > Kuring oge gaduh kahoyong, kumaha upami ngawangkong > di > milis ieu teh, upami aya kecap anu jarang diangge, > dipasihan katerangan di lebet kurung. Margi > Seuseueurna anggota milis ieu teh kamampuan basa > sundana kenging ti lapangan, sanes diajar ti sakola, > sapertos kuring. > > Contona, sapertos kieu yeuh ngabenum (=.......?) > > baktos, > > mrachmatrawyani > > > ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

