|
Geus
dua poe si Adul pasea jeung pamajikanana. Mun geus pasea jiga kieu, biasana
maranehna tara patanya, komo ngobrol mah. NIncak poe kalima pasea, si Adul tetep
teu daek ngomong, komo pamajikana mah tetep haroream
ngomong.
Tapi
dasar apes, poe isukan isuk-isuk pisan si Adul boga jangji anu kawilang penting.
Artina si Adul kudu hudang isuk-isuk. Padahal si Adul teh paling hese lamun kudu
hudang isuk-isuk, ma'lum anu kebluk tea. Kulantaran masih pasea jeung nu jadi
pamajikan padahal isukan kudu hudang isuk-isuk nya kapaksa si Adul neangan akal
satekah polah supaya pamajikanana daek ngahudangkeun manehanana bari jeung teu
kudu ngomong ka pamajikanana.
Si
Adul nyokot kertas sacewir nu ngagoler dina meja, terus nulis pesen keur
pamajikanana,"Isukan isuk-isuk Aing aya rapat, panghudangkeun jam 6!". Eta
kertas digolerkeun di meja rias pamajikanana, terus langsung sare. Isukanana pas
hudang kareret dina jam anu nangkod na tembok geus nunjukeun jam 10 beurang.
Atuh teu kira-kira ambekna si Adul lantaran pamajikanana teu ngahudangkeun
manehanana.
Bari
mentegeg jeung dada karasa eungap, manehna nyampeurkeun meja rias pamajikanana.
Didinya manehna nimu sacewir kertas nu geus ditulis ku pamajikanana, "Hudang
hudang, geus jam 6 isuk!!"
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- RE: [Urang Sunda] Pasea Sumarna, Nana
- RE: [Urang Sunda] Pasea Waluya, Dani R

