Geus
dua poe si Adul pasea jeung pamajikanana. Mun geus pasea jiga kieu, biasana
maranehna tara patanya, komo ngobrol mah. NIncak poe kalima pasea, si Adul
tetep teu daek ngomong, komo pamajikana mah tetep haroream
ngomong.
Tapi
dasar apes, poe isukan isuk-isuk pisan si Adul boga jangji anu kawilang
penting. Artina si Adul kudu hudang isuk-isuk. Padahal si Adul teh paling hese
lamun kudu hudang isuk-isuk, ma'lum anu kebluk tea. Kulantaran masih pasea
jeung nu jadi pamajikan padahal isukan kudu hudang isuk-isuk nya kapaksa si
Adul neangan akal satekah polah supaya pamajikanana daek ngahudangkeun
manehanana bari jeung teu kudu ngomong ka pamajikanana.
Si
Adul nyokot kertas sacewir nu ngagoler dina meja, terus nulis pesen keur
pamajikanana,"Isukan isuk-isuk Aing aya rapat, panghudangkeun jam 6!". Eta
kertas digolerkeun di meja rias pamajikanana, terus langsung sare. Isukanana
pas hudang kareret dina jam anu nangkod na tembok geus nunjukeun jam 10
beurang. Atuh teu kira-kira ambekna si Adul lantaran pamajikanana teu
ngahudangkeun manehanana.
Bari
mentegeg jeung dada karasa eungap, manehna nyampeurkeun meja rias
pamajikanana. Didinya manehna nimu sacewir kertas nu geus ditulis ku
pamajikanana, "Hudang hudang, geus jam 6 isuk!!"
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links