Kang Maman, haturan...,
Kalintang reueusna aya anu naroskeun 2 jejer dina geologi, nyatana vulkanik (vulkanisme) sareng tektonik. Namung, paralun....asana moal cekap rohangan kanggo ngajelaskeun eta dua gejala alam. Sajaba ti panjang kateranganana (ari dijelaskeun sacara ringkes palaur heunteu nyekapan ka anu dimaksud), oge ieu jejer teh sigana sanes konsumsi paguneman di rohangan milist jalaran ilmiah/teknis teuing. Sok sanaos kitu, urang pedar kalawan ringkes kalayan dipungkas ku pituduh bae kamana milarian kajelasan eta dua istilah tina elmu geologi.
Sacara singket, vulkanisme teh taya lian ti gejala pangwangunan gunungapi (pembentukan gunungapi). Dina sawangan anu langkung lega, vulkanisme taya lian ti bagean atawa salah sahiji akibat ayana gejala tektonik. Sadaya tangtungan wangun alam dina ambahan anu lega mah taya liajn ti hasil proses tektonik. Anapon tekntonik sorangan eta taya lian ti gejala dinamika alam, khususna gerakna lempengan (belegenjeran) bumi. Aya dua jenis lempengan bumi: lempengan benua (senyawa utama anu nyusunna; aluminium silikat; jeung lempengan samudra (senyawa utama anu nyusunna : magnesium silikat). Aya 3 jenis gerak lempeng: gerak silih deukeutan dugi ka silih tabrakan, gerak silih jauhan (tegak lurus), sareng gerak silih jauhan ngageser.

Hasil tina silih tabrak lempeng, upami eta dua lempeng anu tabrakan teh beda (lempeng benua jeung lempeng samudra), lempeng anu hiji (lempeng samudra anu BJ leuwih beurat) mubus asup ka na lempeng anu hiji deui (anu BJ-na leuwih hampang). Tah zona/wilayah mubusna eta disebut zona Benioff tempat sagala rupa batuan anu aya dina asar laut digerus jadi bahan gunungapi (magma). Ieu magma anu mangrupa larutan kentel lamun meunang tempat keur ngarembes kja luhur bari ngajadi gunungapi (ti mimiti ieu nya lumangsungna proses vulkanisme).
Keur ngabedakeun hiji lini teh naha kaasup vulkanisme atawa tektonisme, tiasa ditingal tina skala ageungna lini. Umumna lini jenis vulkanisme teh lini leutik (sahandapeun 5 SR) jeung sifatna lokal (ukur sabudeureun gunungapi anu keur aktif). Sabalikna, lini kulantaran tektonisme mah kacida bedasna jeung daerah ancamana bahayana sakitu legana. Kanggo aoseun saterasna, mangga bae uningaan alamat-alamat website ieu:
http://en.wikipedia.org/wiki/Volcano
http://www.emi.dtu.dk/research/DCRS/Science/Geology/iceland.html (Plate Tektonik and Vulcanism)
baktos,
manAR
On 4/18/05, Wildan nurdin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan baraya...
>
> bentenna vulkanik sareng tektonik naon ?
>
> :)
>
>> teu terang pisan sanes budak geologi sih abdi mah
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
> protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
>
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service.
>
>
>
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
__________________________________
Do you Yahoo!?
Plan great trips with Yahoo! Travel: Now over 17,000 guides!
http://travel.yahoo.com/p-travelguide
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Plan great trips with Yahoo! Travel: Now over 17,000 guides!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.