--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Maman, haturan..., > Kalintang reueusna aya anu naroskeun 2 jejer dina > geologi, nyatana vulkanik > (vulkanisme) sareng tektonik. Namung, > paralun....asana moal cekap rohangan > kanggo ngajelaskeun eta dua gejala alam. Sajaba ti > panjang kateranganana > (ari dijelaskeun sacara ringkes palaur heunteu > nyekapan ka anu dimaksud), > oge ieu jejer teh sigana sanes konsumsi paguneman di > rohangan milist jalaran > ilmiah/teknis teuing. Sok sanaos kitu, urang pedar > kalawan ringkes kalayan > dipungkas ku pituduh bae kamana milarian kajelasan > eta dua istilah tina elmu geologi.
Hatur nuhun Kang Oman, anu parantos masihan katerangan anu ringkes sareng munel. Ke..sakedap, mecel tina topik (mtt/oot), Kang Oman teh geologist?, janten emut ka DR. Wempi S. Tjetjep, anjeuna teh salah saurang tokoh geologi turunan Sunda Menado, Karesepna maen kartu : bridge, duka tah pedah aya "darah" menado, kasauran anjeuna Maen Bridge teh padamelanana, upami geologi mah mung sakadar hobbi. :) SIm kuring sateuacana gaduh bojo, osok sering maen kartu sareng anjeuna, saparantos laki-rabi, teras gaduh murangkalih sajodo, abdi liren heula. Kujalaran resep maen bridge sim kuring kantos ngiringan pertandingan tingkat nasional nu di ayakeun di banda aceh, angkat ka aceh nganggo hercules. Tah kang Wempi mah sieuneun naek kapal terbang teh, sawios naek kapal laut atanapi nganggo kareta api. Emut deui kasauran anjeuna, yen urang teh cicing dina hiji perahu ageung nu namina pulau-pulau. Janten teu aneh upami aya nu namina gempa, ma'lum geuning pulau teh gegeseran. Tambihan : kujalaran "bridge", geologi sareng teamna janten kakoncara ka mana-mana, sering janten juara. Kang Oman, aya hiji patarosan deui, upami minyak nu di sedot ti jero bumi, unggal dinten sababaraha juta barrel, tiasa heunteu iyeu oge nu mawa matak gempa ? Hatur nuhun sateuacana. Wassalam MZ __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

