Kuring ngabogaan kaheran ka urang Sunda, dinu hiji segi manehna teh
resep heureuy dina segi anu sejen manehna melankolik kacida kaciri
dina lagu jeung musikna anu "mendayu - dayu" (Sundana naon nya?)
Cik ka para ahli Psikologi geura pedar kunaon urang Sunda ngabogaan
dua pasipatan anu kontras samodel kieu?
Naha urang Sunda teh boga kapribadian ganda kitu?
Wassalam
Nana Sutrisna
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mani ku daria pisan si Ua Sas, eta deuih aya bahan
referensina sagala.
Upami di kuliah mah, tiasa janten pokok bahasan hiji
matakuliah satara 2 SKS.
Sakantenan wae dipedar perkawis
carios/dongeng-dongeng fabel seratanana (alm) R.
Satjadibrata (kalahiran Sumedang), baraya Kusnet teu
acan uninga.
baktos,
mrachmatrawyani
--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ceuk kamus Sunda-Melayu R Satjadibrata anu terbit
> jaman Jepang taun 2604
> (ieu mah sigana taun Jepang, mun kana masehi mah
> meureun antara taun
> 1944-45,..cik aya nu uninga teu kumaha konversina),
> hartina heureuy nyaeta
> "loeloetjon".
> Lamun diilikan dina KUBS mah heureuy teh hartina
> banyol, kalakuan
> pangangguran pikeun karesepan sorangan atawa ngarah
> gumbira anu nenjo nu
> ngadenge, ngaheureuyan hartina ngaganggu bari jeung
> teu niat goreng,
> ngaheureuykeun hartina ngulinkeun atawa ngabobodo,
> lamun diilikan deui dina
> kamus basa Sunda meunang Budi R Tamsyah aya harti
> lain keur kecap
> ngaheureuyan nyaeta ngawerejit.
> Hartina Kabayan ceuk KUBS mah 1.tukang ngajaga
> paseban, 2. tukang ngaladenan
> dina hahajatan aya deui ceuk Ensiklopedi Sunda mah
> pembantu patih atawa
> Patinggi dina mangsa karajaan nepi ka mangsa
> kabupatian dina pamarentahan
> tradisional nepi ka ahir abad 19 tugasna nyaeta
> nepikeun paparentah raja
> atawa bupati ka rahayat, jadi kabayan didieu mah
> jabatan beda jeung tokoh Si
> Kabayan.
__________________________________
Do you Yahoo!?
Plan great trips with Yahoo! Travel: Now over 17,000 guides!
http://travel.yahoo.com/p-travelguide
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

