Da aya aturan oge, tetep we nganggo akal-akalan. Contona dina tender. Biasana lamun aya 7 rekanan peminat kana tender, nu tujuh rekanan teh baradami terus harga diatur (biasana si pimpro atawa PNS nu sejen oge ngiring ulubiung dina nantukeun harga penawaran). teu aya bukti dokumen tertulis soal babadamian ieu, "tahu sama tahu" weh. Hiji rekanan diatur jadi penawar pangmurahna supaya meunang. Der weh tender, si rekanan nu pangmurahna meunang, terus mere kompensasi ka rekanan sejen anu eleh. Soal "harga pangmurahna" enya pangmurahna dibanding jeung rekanan nu ngilu tender mah, ngan tetep we mahal upama dibandingkeun jeung dipasaran mah ........
Jurus "sakadang peucang" ieu, bakal hese diteangan bukti ngalanggarna, sagala kalengkepan administrasi jeung syarat-syarat kabeh geus ditedunan. Bade kumaha ngabuktoskeunana aya korupsi? Baktos, WALUYA --- In [email protected], akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sok bae tingal dina kasus KPU, geus puguh harga > printer Epson Type anu-anu di pasaran mung Rp1,3 Juta. > Ieu mah kalahka meuli ti rekanan anu hargana Rp.1,6 > Juta, bari jeung rekananana eta-eta keneh ngan ganti > samping wungkul. Ceuk sasama koruptor anu arek miluan > tender eta teh, enya PT Anu mah pinter negosiasi na. > Ari ceuk urang mah,...belegug pisan pan. > He he he punten ieu mah kuring keur ngacapruk > > Akos ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

