ieu pamali jang bojo nu keur kakandungan;
 
1. mun rek mandi mawa andukna ulah dibeulitkeun ka beuheung
2. mun ngadahar emameun nu ditakir buru buka takiranana
3. Ulah puka-paku (boh kana tembok boh kana tempat sejena)
3. Mun ningali nu araraneh, pikasieuneun, buru-buru ngucapkeun, "Paralun."
4. Ulah kaluar imah ti peuting (sanggeus magrib sampe subuh)
5. ulah mandi ti peuting
6. ....
7. ....
(saterusna poho deui, euy)
 
Wasalam,
Durachman

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of Cecep Wahyu
Sent: Monday, April 18, 2005 8:56 PM
To: '[email protected]'
Subject: RE: [Urang Sunda] Pamali

heuheuheuheuheu...Hatur nuhun ah kang SR Juragan Keom...
ubar rieur yeuh... sok ateuh tambihan deui..
 
mairan ngeunaan " PAMALI"... ceuk kuring sorangan mah da ahhh... teu asup kana logika mah lewat wae...
saperti teu meunang nagog di lawang panto..kan cenah pamali bakalan nongtot jodo... tah baheula sok dicarek kunu jadi kolot teh cenah bisi nongtot jodo..ahh dihajakeun wae... jeung ngenta alesan anu logis..
tah geuningan anu jadi indung teh rek liwat eta lawang panto bari mawa bungkusan..kulantaran aya kuring keur nagog didinya, jadi kan teu bisa liwat? tah anu benerna mah anu logis nya teu meunang nagog dilawang panto teh kulantaran ngahalangan jalan.. sami jeung anu lain samodel ngagunting kuku peuting peuting... teu meunang soteh baheula keur can aya listrik da logikanamah bisi anu kagunting teh lain kuku tapi oge kulit / daging ramo urang..tah geus aya listrikmah da caang kabeh jadi meun enya nepikeun ka gunting oge salian ti kuku eta mah alatan teu ati ati weee...


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke