H�..H�..H�… Sabar Kang Dur,

Ari sakadang Korupsi t�h h�nteu j�las naon j�nis k�laminna, naon sukuna, naon margana malahan mah bisa mancala putra-mancala putri sagala. Lamun aya anu kuciwa lantaran urang sunda aya nu (katewak) korupsi, (lamun teu katewak mah moal kuciwa meureun... J..) Urang g� kudu bangga, pan pupuhu anu n�wakna oge urang sunda� malah mah aktivis kana kasundaan (Halow Kang Ery Riana Hardjapamekas, kumaha damang..?), tambah deui anu sok karasak-kurusuk nalungtik sagala hal anu bau na korupsi pan Kang Teten Masduki ti ICW tea, eta ge urang sunda, sanes...?

 

Jadi, kudu bisa ngabedakeun atuh.... Naha salain urang sunda euweuh nu korupsi kitu...? Meunang kuciwa, tapi ulah kuciwa alatan jadi urang sunda... naha jadi urang sunda t�h kahayang �urang...? Lamun kitu, Sarua jeun urang kuciwa ka nu geus ngajadikeun urang salaku urang sunda....

Cag, ah..... punten ngacapruk....!

 

Abah Utun

 


From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of durahman
Sent: Thursday, April 21, 2005 12:39 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Mulyana W Kusumah!

 

kesimpulan tina tulisan akang dihandapteh naon? Meureun kesimpulana ayeunamah akang teh minder kitu jadi urang sunda? akang  malu jadi urang sunda?

 

Wasalam,
Durachman

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]]On Behalf Of sora hate
Sent: Tuesday, April 19, 2005 8:09 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Mulyana W Kusumah!

Abdi urang sunda, lahir ti rahim urang Sunda, gede di tanah Sunda, aya rasa bangga jadi orang Sunda. Itu dulu...........

Tapi saparantos abdi ngumbara ka luar tanah Sunda, sareng gaul sareng sajabi urang Sunda, geunging Sunda teh ..............., ih meuni kitu geuning (teu sadayana, masih aya keneh nu pilihan).

Masalah korupsi, ceunah mah Jawa Barat Jeung Bandung mah biangna (waktos survey korupsi Jabar & Bandung teu dicandak sampel, lamun dicandak pasti juara).

Abdi sok heran,cobi jalan ka pasisian, teu kedah tebih, 20-30 km ti pusat Bandung masih seueur jalan-jalan nu sapertos tebih ti kota.

atanapi ameng ka tempat pariwisata, ih eta para pedagang hampir sadayana resep nekuk, bandingkeun sareng daerah Jawa (Jateng/Jatim).

Di Jawa mah jalan-jalan teh meni lalucir sareng lalebar, padahal tebih ti pusat pamarintahan.

Cobi eta Jl Kopo ti saemut abdi teu aya perubihan selain tambah macet. Di Bandung mah enya ge tempat lahiran para ahli tata kota, tapi semrawut, pabrik di tengah pemukiman, pasar induk di tengah kota, sigana mah ari konsepna mah aya nu bentuk RUTR tea, tapi sagala tiasa asal sanggem mayar teras izin kaluar.Teras ka Lembang/Parongpong/Dago, sigana Pemda Bandung mikirna nu penting DUIT. Tingkat kapatuhan rakyat sunda ka pamarentahna jauh di bawah urang jawa, meureun ku kitu oge da pamarentahna pada dholim, padahal mah geus haji sok sholat, jeung ih eta Bandung meni balatak ku orang Batak nu teu pararuguh (lain rasialis/SARA), ceuk sayah mah nu kitu teh mawa rusak, tapi urang sunda kalahka pipilueun teu walakaya. Dak ceuk sayah mah silakan saja orang mana saja datang/menetap di Bandung tapi tok ngaruksak.Ceuk sayamah teu samata-mata maranehna bisa ngaruksak lantaran aya urang sunda nu jadi beking. Jeung eta di Bandung nu ceunah mah ibu kota sunda, tapi omongan-omongan sunda teh jarang ka kuping, di kampus atanapi di pusat keramaian, eta deuih ongkoh urang sunda teu sakedik nu ngajarkeun ngomong ka budakna ku selain basa sunda.

Punten bilih aya nu matak nyuat kana manah.

Wassalam



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke