Tah upami "Karna" sanes putra Prabu Pandu Dewanata, namung putra Dewi Kunti Nalibrata ti
Dewa Surya, cariosna kieu (namung punten yeuh bilih lepat ma'lum sakola dalangna henteu dugi ka MD (Master Dalang) heuheuheu...) ;
Dewi Kunti teh putrana Prabu Kuntiboga, kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria nya geulis kawanti-wanti nya endah kabina-bina, seueur sinatria sareng raja-raja anu kabungbulengan ku kageulisanana, dugika seueur anu ngalamar, kumargi seueurna anu ngalamar, Prabu Kuntiboga ngayakeun saembara kanggo nangtoskeun calon mantu.
Sateu acan der diayakeun saembara, hiji waktos Dewi Kunti nuju midang di taman karaton saparantos ibak enjing-enjing, katinggalieun ku batara Surya (sanes urang gank leboy ieu mah), batara Surya kabongbroy kukageulisanana Dewi Kunti dugika kaluar birahina (punten rada porna) kacandak ku sinar panon poe lebet kana waruga dewi Kunti anu akhirna dewi Kunti kakandungan, saparantos lahir eta orok dikukut ku kusir tinagara Astina, janten dipati Karna tiaalit hirup dinagara Astina, waktos Karna rumaja, harita palaputra Prabu Destarata sareng palaputra Pandudewanata nuju guguru elmu kasatriaan ka Pandita Agung Astinapura nyaeta Pandita Dorna/Kumbayana.
Sabarang Pandita Dorna ninggali kapinteran sareng kajujuran Karna, pandita Dorna akhirna ngangkat Karna janten muridna.
Saparantos dewasa Karna dipercanten janten Adipati di Awangga hiji kadipatian diwewengkon Astinapura.
Dina Bratayudha, Karna janten lawanna Arjuna, anu hakekatna mah dulur saibu pisah rama, anu hiji putra dewa Surya anu hiji putra Pandu titisan batara Indra.
Kitu nurut carios padalangan, kirang langkungna nyanggakeun kanu langkung uninga.
Tutup lawang sigotaka... torok tok..crek.tok..crek.....
Pihatur,
ssw
Faizal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ari "Karna" urang astina saha ibuna?
saurna eta oge anak pandu, sarua kesaktianna jeung arjuna
From: Siddik Wiradireja
Upami teu lepat mah kieu :
Prabu Pandu Dewanata + Dewi Kuntinalibrata, ngalahirkeun :
1. Samiaji/Darmakusumah
2. Bima/Wekodara
3. Arjuna
Prabu Pandu Dewanata + Dewi Madrim, ngalahirkeun :
3. Nakula kembar sareng
4. Sadewa
1. Samiaji/Darmakusumah istrina Dewi Drupadi (rayina Prabu Drupada)
2. Bima/Werkodara istrina Demi Arimbi
3. Arjuna istrina Dewa Subadra sareng Dewi Srikandi + anu sanesna
4. Nakula istrina teu kacaturkeun
5. Sadewa istrina sami teu kacaturkeun.
Sakitu manawi teu lepat.
Pihatur
ssw
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

