Aya deuih dina adat salah sawios suku di nagara urang nyaeta suku minangkabau anu sistem kekerabatanna henteu umum nyaeta ngangge sistem matrilineal nyaeta sistem katurunan anu ditarik dina garis Ibu atanapi sistem sacara garis katurunan Ibu.
Saurna dina adat minang si istri aya anu gaduh pameget langkung ti hiji. Istri minang mah ngaraos reueus upami gaduh pameget langkung ti hiji. Numutkeun pandangan tradisi minang upami si istri ngan nikah sakali tiasa di cap "henteu laku". Malihan status gadis tua disebat hina manan anu janda. Tapi saurna deuih aya anu nyarios adat minang miboga pameget langkung ti hiji teh henteu tiasa disebat poliandri sabab carana nyaeta ku kawin-cerai.
Wallohu alam
Neng Iva
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya nu nyarita,
monogami teh monoton heu..heu..
punten ..ceuk batur eta oge...
jadi upami aya nu bade poligami, mangga teh teuing ari kiat mah
Ngan, perkawis Poliandri asana teh teu umum di urang mah,
duka di nagara batur mah. Pernah maca di urang ge aya, ngan teu loba..
tapi upami aya nu bade poliandri ge mangga we ketang
ari teu era mah...
Naha teu cukup hiji caroge teh ?
"kagila-gila keding..." ceuk urang kuningan mah
Tungtungna, sagala ge balik deui kana etika jeung budaya
Baktos,
Nanang
--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> nu resep wayang sigana tos terang yen Pandawa nu lima teh istrina
ngan
> hiji, Dewi Kunti tea. tapi sanes kunti lanak sigana.
>
> ieu hartina di budaya India baheula pisan, poliandri-boga caroge
leuwih ti
> hiji, kaci.
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
> [EMAIL PROTECTED]
>
> > Kang sigana aya hiji deui peraturan anu sok dipermasalahkeun ku
kaum
> > feminis teh
> > nyaeta peraturan anu ka salapan
> > 9. Wanita hanya boleh berpasangan dengan satu orang saja
sedangkan lelaki
> > boleh mempunyai pasangan sampai 4 orang.
> >
> > tah lamun anu kasalapan ieu kumaha jawabanana atuh kang, kuring
mah asa
> > poekeun
> > keur ngajawabna.
> >
> > wassalam
> > Nana Sutrisna
> >
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

