kaleresan si kuring teh nuju nyakuan garpit, barang ditingali naha kandungan tar sareng nikotinna mah rada benten sareng nu aya di dieu nya? di dieu mah diseratna teh tar : 30mg, nikotin : 1.8mg.
sok ah dipurak bahan diskusina supados rada ngartos, khususna kanggo nu nyesep :-)
 
cag,
dedi s.

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu mah tambi sepi we......
Kanggo anu sok kunyat-kenyot roko siga sim abdi,  anu tara mah talapung wae.
Khusus kanu sok nyesep roko Gudang Garam International (Garpit), dina bungkusan roko Garpit palih gigir, aya seratan : TAR : 35 mg sareng NIKOTIN : 1.7 mg , leres kitu...???.
Hiji-hijina roko Indonesia anu resmi lebet ka Korea sareng gaduh perwakilan di Korea mung Gudang Garam wungkul, sedengkeun upami di Korea mah sagala anu dikonsumsi ku rahayat, kedah disebatkeun ; bahan sareng kandungan dilebetna.
Wangsul kana masalah TAR sareng NIKOTIN dina Garpit, di Korea eta seratan dina bungkus Garpit ditutup ku stiker nganggo tulisan Korea,  TAR : 42.6 mg sareng NIKOTIN : 2.04 mg.
Anu janten patarosan mana anu leres  TAR : 35mg/NIKOTIN : 1.7mg  atanapi
TAR : 42.6mg/NIKOTIN : 2.04mg.
 
Salajengna mangga nyanggakeun kapara wargi khususna anu terang kana perkawis nukararitu da sim abdi mah lapurrr...
 
Pihatur
 
ssw
 
 


 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke