|
Salawe
Boga duit salawe
Baheula mah bisa meuli satiir
sate
Bisa meuli gorengan
tempe
Bisa meuli langlayangan
hade
Tapi ayeuna boga duit
salawe
Teu mahi jang mayar ka wese
Komo deui jang mahugi awewe
Meureun bisa ngalelewe
Najan boga sarajut rebuan
lawe
Tetep we nu ngarana duit
salawe
Teu bisa dipake mayar najan ngan
ukur saese
Tungtungna duit salawe diliangan dijarieun
gengge Deudeuh teuing duit salawe
Najan ngan ukur salawe
Duit sajuta moal jejeg mun kurang
salawe
Tapi tetep dialana
mah hararese
Mun awewe dibere duit balanja salawe
sapoe
Paroman baketrut, letahna ngelel kawas
anjing tas cape
Tapi mun dibere sapoe sapuluh rebuan
lobana salawe
Paromanana ngadadak marahmay bari lunda
lende
Ngalamun heula ah... meungpeung keur
rada salse
Mun boga gajih lima puluh juta kurang
salawe
Meureun kahayangan teh ngan ukur eta
we
Hayang jadi kanyataan, meureun asyik
kali ye!
SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- [Urang Sunda] Re: SALAWE syam ridwan
- [Urang Sunda] Re: SALAWE kang_boim
- Re: [Urang Sunda] SALAWE joko tingkir

