Salawe

Enya baheula mah kaasup duit gede
Kacida hesena neangan duit salawe
Kudu loba cabak,  loba gawe
Gawe anu lain jore-jore
Unggal poe, tiisuk tepi ka sore

Enya ayeuna lain kaasup duit gede
Tapi tetep hesena neangan duit salawe
Meureun pedah geus kaasup nu teu dipake
Da teu payu ka naon bae
Komo mun jeung mahugi ka awewe

Baheula jeung ayeuna geuning sarua hese
Sarua hese neangan duit salawe
Sarua hese nengan gawe
Sarua hese sieun teu payu ka awewe
Sarua sieun teu kapake

Urang Tambahan ah
Jaka

--- syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Salawe
> Boga duit salawe
> Baheula mah bisa meuli satiir sate
> Bisa meuli  gorengan tempe
> Bisa meuli langlayangan  hade
> 
> Tapi ayeuna boga duit salawe
> Teu mahi jang mayar ka wese
> Komo deui jang mahugi awewe
> Meureun bisa ngalelewe
> 
> Najan boga sarajut rebuan lawe
> Tetep we nu ngarana duit salawe
> Teu bisa dipake mayar najan ngan ukur saese
> Tungtungna duit salawe diliangan dijarieun gengge
> 
> Deudeuh teuing duit salawe
> Najan ngan ukur salawe
> Duit sajuta moal jejeg mun kurang salawe
> Tapi tetep dialana mah hararese
> 
> Mun awewe dibere duit balanja salawe sapoe
> Paroman baketrut, letahna ngelel kawas anjing tas
> cape
> Tapi mun dibere sapoe sapuluh rebuan lobana salawe
> Paromanana ngadadak marahmay bari lunda lende
> 
> Ngalamun heula ah... meungpeung keur rada salse
> Mun boga gajih lima puluh juta kurang salawe
> Meureun kahayangan teh ngan ukur  eta we
> Hayang jadi kanyataan, meureun asyik kali ye!
> SR
> 
> 
> 
> 
> 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke