punten ah... nembe OL deui...
kataji ku bisnis-bisnisan nu onlen... ieu mah mung "ulasan" sanes bade nyigeung ka saha2..
 
Baheula amazon.com, nagadegkeun toko buku onlen. tahun 2000, si Amazon karek BEP. eta oge saprak amazon nyieun gudang buku "offline". Da enya.. samemeh manehna nyieun muka buku... harega buku di amazon teu leuwih murah, jeung lila ngirimna. soalna manehna ukur jadi perantara wungkul, teu boga stok. Laju aya pesenan, amazon kudu neangan ka penerbit. teu jauh ti calo. Ku ayana gudang buku, amazon boga stok, tur bisa muka toko di darat oge. Dina profit magazine ieu pernah dibahas asana mah. Ku dukungan bisnis di darat nu lancar tur bener, bisnis online justru jadi leuwih lancar.
 
Jadi.. kasimpulanna : internet teh sabenerna ngan etalaseu, mun bisnis di darat can stabil, bisnis online tangtuna moal stabil. Sabab pikeun konsumen keur naon datang ari euweuh barang mah.
 
Ayeuna aya nu bisnis pulsa online (sanes promosi). Alus teu pira jualan pocer henpon langsung onlen via internet. Tong ditingali canggihna da di darat oge sarua cara bisnis na mah. konsumen datang ka kios, terus kios ngirim pamenta vocer ka vendor, kios geus satuju rekening manehna didebet ku vendor. Kaluar we nomor pocer lewat sms, atawa ku vendor dieusikeun langsung ka konsumen kan beres. Tah bedana si kios ayeuna teu make kios di darat, tapi make kios di internet, angger we make hape ka vendor mah. tapi si konsumen ge geus mere nomor rekening nu didebet ku si  nuboga kios langsung.
Ayeuna eta pulsa onlen ngalarapkeun jiga mlm, make jaringan.. pemasaran jauh leuwih hade, malah mah beuki mindeng ngeusi urang meunang bonus, atawa boga donlen urang meunang oge bonus..
 
Tuh.. mlm teh alus sabenerna, mun bisnis di daratna alus... tapi mun di luhur ngawang-ngawang dihadap teu nincek lemah... teuing ah... pikiran sorangan.
 
 
salam
MDY
 
 
 
-------Original Message-------
 
From: budsz
Date: 04/25/05 13:48:48
Subject: Re: [Urang Sunda] Anne Ahira ( OOT )
 
On 4/25/05, Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Abi oge maca di Kompas perkawis Anne Ahira
> teras aya Bulk di Email.
> asa ku ragu ningali cara bisnis-na
> kumaha hukum-na, sabab usaha atanapi garapan usahana teu real alias teu
> jelas alias teu .... aya kitu usaha teu modal kenging hasil ?
> eta teh istilahna judeng sanes
> komo aya embel-embel hadiah TIGER, KIJANG jst
> Hapunten sateuacana
 
Ya eta kang, kamari kungsi adbi ngawangkong sareng rerencangan di
warnet, anjeuna ngemut lamun di tinggali dina sisi agama Islam mah
kumaha kitu, kenging untung/artos tp teu ngesang kitu tea istilahna
mah, kulantaran sistem bisnis AA mah ngangge skema piramid, otomatis
mun di tilik2 mah nu diluhur mah tinggal "Calik" wae, kasarna mah
tinggal marentah2 wae. Nya eta mah numut emutan rerencangan abdi,
sanes hartina abdi sareng rerencangan anti bisnis AA :).
 
Ah abdi mah mah bisnis mah nu konvensional wae ah...:). Teu kaotakan
nu kararitu mah.
 
--
budsz
 
 
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
--------------------------------------------------------------------~->
 
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links
 
<*> To visit your group on the web, go to:
 
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
 
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke