Nembean teh abdi uih ti lembur, di lembur ngobrol sareng urang Bapeda.
Mun enya mah anu di saurkeun bener, aya harepan2 sae kahareup di lembur kuring jeung sabundereunana...
 
1. Dina itungan taun cenah bakal di wangun lapangan udara anu lokasina ancang2na di jatitujuh.Harewosna mah ieu teh tadina pahoyong2 sareng sumedang.
2. Bakal diwangun oge cenah jalan tol, Bandung-sumedang-dawuan(majalengka).
3.Rek di wangun pabrik2 sareng pausahaan2 / investor, cenah mah eta teh  dikarenakan kawijaksaan2 Pemda kitu?...anu geus di perlonggar..
 
Alhamdulillah pisan, asa teh bungah ngadanguna.Mugi2 eta teh tiasa majengken daerah majalengka sareng sabunderuenana....Ceuk adi kuring teh "..enya ceu..kahade weee ulah tepi ka urang batur anu genah, urang  majalengka jeung sabundereunana ngan ukur jadi tukang semir sapatu jeung jadi tukang sasapu"...
Nia 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke