Jalan tol Cileunyi-Sumedang-Dawuan ceuk beja mah taun ieu arek 
ditenderkeun jeung di taun 2009 geus bisa digunakeun. Aya atoh aya 
rada hereneg ngadangu wartos ieu teh. Atohna ka lembur jadi caket 
tapi nu harenegna sapertos nu dipikapaur ku Neng Nia, sieun jlug-jleg 
pabrik tapi ari nu digarawena pendatang sadayana. Urang Sumedang 
jeung Urang Majalengka ukur nu lalajo. Kasus kieu teh tiasa di 
tingali di Rancaekek jeung Bandung Kidul, tiasa dipaluruh sabaraha 
urang aslina nu didaramel di pabrik-pabrik nu ngajalegir. Nu 
didaramel didinya seuseueurna pendatang, nu jadi minuhan jeung jadi 
masalah lamun aya PHK da ngabeuratkeun pamarentah daerah. Mudah-
mudahan we Pemda Sumedang jeung Majalengka tiasa ngantisipasi hal ieu.

Baktos,
WALUYA
(lembur kuring oge "kasebet" ku rencana jalan Tol)
 

 

--- In [email protected], "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Nembean teh abdi uih ti lembur, di lembur ngobrol sareng urang 
Bapeda.
> Mun enya mah anu di saurkeun bener, aya harepan2 sae kahareup di 
lembur kuring jeung sabundereunana...
>  
> 1. Dina itungan taun cenah bakal di wangun lapangan udara anu 
lokasina ancang2na di jatitujuh.Harewosna mah ieu teh tadina 
pahoyong2 sareng sumedang.
> 2. Bakal diwangun oge cenah jalan tol, Bandung-sumedang-dawuan
(majalengka).
> 3.Rek di wangun pabrik2 sareng pausahaan2 / investor, cenah mah eta 
teh  dikarenakan kawijaksaan2 Pemda kitu?...anu geus di perlonggar..
>  
> Alhamdulillah pisan, asa teh bungah ngadanguna.Mugi2 eta teh tiasa 
majengken daerah majalengka sareng sabunderuenana....Ceuk adi kuring 
teh "..enya ceu..kahade weee ulah tepi ka urang batur anu genah, 
urang  majalengka jeung sabundereunana ngan ukur jadi tukang semir 
sapatu jeung jadi tukang sasapu"...
> 
> Nia





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke